Jumat, 1 Mei 2026

Carita Pondok

Cerpen Tribun Jabar Minggu Ini: Didagoan Tepika Jam 12 Peuting

Dina bangku panjang, nu diuk ukur budak awéwé umur kira 18 taunan, dijilbab. Paromanna ngungun panonna carindul jiga tos ceurik.

Tayang:
Penulis: Hermawan Aksan | Editor: Hermawan Aksan
Tribun Jabar
Ilustrasi Cerpen Belum Ada Judul 

“Sabaraha?”

“Engké wé badanten sareng supir.”

Si calo langsung indit. Jol deui geus bareng jeung jalma séjén.

“Tah, ieu supir pakidulan. Ngan da nembé iang énjing tabuh lima subuh.”

“Tapi mangga badé diborong mah,” ceuk supir elf.

“Enya sabaraha?”

“Nya diborong sajumlah eusi panumpang full, wé,” ceuk supir.

“Duh mahal euy …”

“Upami ngakut panumpang umum, pan didedet, malah aya kalana sawaréh diuk dina tonggong elf,” ceuk supir.

“Itung limaan kumaha?”

“Duh rugel ka abdina …”

Baca juga: Kebakaran Rumah di Bungbulang Garut, 2 Motor Baru Ikut Hangus

Baca juga: Dinkes Sumedang Masih Cari Waktu yang Tepat Untuk Vaksinasi Saat Ramadan, Bisa Pagi atau Malam

Kuring balem da teu sanggup ari kudu ngaborong sajumlah eusi panumpang mah. Kudu wé 18 panumpang mah meureun.

“Anggap sapuluhan wé sok?” supir nurunkeun paméntana.

“Enya sok lah.”

“Tapi upah calo ku Bapa!”

Sumber: Tribun Jabar
Halaman 2/4
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
KOMENTAR

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved