Carita Pondok
Cerpen Tribun Jabar Minggu Ini: Didagoan Tepika Jam 12 Peuting
Dina bangku panjang, nu diuk ukur budak awéwé umur kira 18 taunan, dijilbab. Paromanna ngungun panonna carindul jiga tos ceurik.
Penulis: Hermawan Aksan | Editor: Hermawan Aksan
Ku Aan Merdeka Permana
NYI Sati ngarasa bingung, pisalakieunana keuna ku werejit. Ceuk nu ngirimna, mun tabuh 12 peuting ieu euweuh nu sanggup ngubaran, nyawana moal katulungan.
TI Bandung kakara tepi ka Terminal Pasirhayam tabuh lima soré balukar di Ciranjang aya treuk tubrukan. Mangkaning, elf anu muru ka Sindangbarang, lasteu téh tabuh 3 soré.
Datang ka Pasirhayam, enya wé geus euweuh elf nu ka kidulkeun.
Baca juga: Cerpen Tribun Jabar Minggu Ini: Gadis Penjaga dan Pria Berjanggut
Baca juga: Cerpen Tribun Jabar Minggu Ini: Laki-Laki Bermata Tajam
Terminal geus tiiseun, kajaba angkot anu ukur ngaliwat bari natawarkeun bisi aya muatan anu rék ka kotakeun.
Dina bangku panjang, nu diuk ukur budak awéwé umur kira 18 taunan, dijilbab. Paromanna ngungun panonna carindul jiga tos ceurik.
“Badé nyaba ka mana, Néng?” cekéng téh diuk teu pati anggang ti manéhna.
“Badé wangsul ka Tanggeung, mung tos teu aya elf …” cenah, némbalanana bari teu ningali ka kuring da gawéna ukur ngeluk tungkul. Sakapeung nyusutan panonna ku tungtung jilbab.
“Bapa gé sabenerna mah eudeuk ka kidul, malah eudeuk ka Sindangbarang …” omong kuring padahal budak awéwé éta mah teu nanya.
“Ngalangkung kénéh ti Tanggeung mah,” ceuk si budak. Bep deui jempling.
“Bapa jadi tambuh laku, padahal isukna isuk-isuk pisan kudu nungkulan acara walimahan,” ceuk kuring deui cacakan teu ditanya.
“Komo abdi mah didagoan tepi ka tabuh 12 peuting. Mun teu kitu, bahaya …” ceuk Si Budak Awéwé.
“Bahaya naon?” ceuk kuring.
Teu kaburu ditémbalan ku sabab kaburu datang calo terminal natawarkeun angkutan.
Baca juga: Harapan Persib Bandung untuk Wasit yang Akan Bertugas Nanti Malam, Apa Itu?
Baca juga: Ini yang Diucapkan Zlatan Ibrahimovic yang Membuat Dia Dikartu Merah Langsung di Parma vs AC Milan
“Pa, tos moal aya elf nu ka kidul, kajaba upami keresa nyarter,” ceuk calo.
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/jabar/foto/bank/originals/belum-ada-judul.jpg)