Breaking News:

Carita Pondok

Cerpen Tribun Jabar Minggu Ini: Didagoan Tepika Jam 12 Peuting

Dina bangku panjang, nu diuk ukur budak awéwé umur kira 18 taunan, dijilbab. Paromanna ngungun panonna carindul jiga tos ceurik.

Tribun Jabar
Ilustrasi Cerpen Belum Ada Judul 

Kuring merong.

“Paling sapuluh rébu, Pa …”

“Enya sok baé lah. Hayu Néng!” ceuk kuring ngajak si budak awéwé.

“Teu gaduh artos Bapa, ari kedah udunan ngaborong mah,” ceuk si budak awéwé.

“Geus hayu, pan nu rék ngaborong mah, Bapa,” ceuk kuring.

Sanajan bari asa-asa, budak awéwé téh daék milu.

Diuk di tengah. Jok anu kuduna jang tiluaneun.

Elf ngageuleuyeung muru kidul. Di jalan nyimpang heula ngeusi bensin. Duitna ménta ti kuring. Geus kitu supir ngingkig heula ka WC, jaba meuli roko heula.

Geus kitu mah, biur mengpeng.

“Mun aya muatan mah, sok wé taékeun, karunya,” ceuk kuring.

“Lah, moal aya, Pa …” walon supir.

Sajajalan jempling. Si budak awéwé teu lémék teu nyarék. Ngabetem wé.

Ngan kuring jadi inget kana omongan si budak awéwé tadi. Yén mun teu tepi tabuh 12 ka Tanggeung bakal aya marabahaya.

Ku sabab kitu, kuring tumanya perkara éta. Ngan éta budak némbalanana kalahka ku ngabangingik ceurik. Atuh supir kagéteun tepika nyiisi heula. Mobil eureun di tengah jalan nu hara-haraeun

“Dikumahakeun éta budak awéwé?” si supir jadi curiga ka kuring.

“Ah, teu dikukumaha ukur ditanya,” ceuk kuring jadi kasieunan.

“Ku naon Nyai, piraning ditanya baé mani k-kudu ngagukguk?” ceuk supir, masih kénéh can ngajalankeun mobil.

“Mun abdi teu tepi ka Tanggeung saméméh tabuh 12 bakal bahaya!” ceuk si budak awéwé.

“Bahaya naon?” supir nanya.

“Pisalakieun abdi bakal paéh ku werejit!”

“Aya nu nyantet?” supir nanya.

“Enya.”

“Bahaya atuh!”

“Puguh gé. Naha Amang supir kalahka eureun? Tadi meuli bengsin mani lila!” ceuk si budak awéwé.

Biur supir ngajalankeun kandaraanna padahal jalan loba nikung.

“Cing dongéngkeun kumaha jujutanana?” ceuk kuring.

Bari ingsreuk-ingsreukan, budak awéwé nerangkeun. Yén cenah isuk-pagéto manéhna eudeuk dikawinkeun. Ngan aya lalaki séjén anu maskét ka manéhna.

“Nya sasatna mah abdi téh diparebutkeun,” ceuk si budak awéwé. "Sati, sia téh kudu daék ka aing. Aing mah anak jalma jugala, pisalakeun sia mah ukur kuli ngojég. Kitu ceuk nu ngirim werejit téh.”

“Éta Néng Sati milih nu beunghar atawa milih tukang ojég?” ceuk kuring.

“Hih, mana dibélaan kieu gé abdi milih Kang Jumena.”

“Tukang ojég téa?”

Sati unggeuk. Manéhna nerangkeun, pisalakieunana geus saminggu gering utah getih. Ceuk nu bébéja, cenah dikirim werejit ku Si Kapi, nya anak nu beunghar nu bogoheun téa.

“Lain lapor ka pulisi atuh?”

“Nya ku kitu ku kieu engké mah rék lapor ka Polsek. Ngan nu penting, ngajait heula nasib Kang Jumena,” ceuk Nyi Sati. Cenah ngadéngé béja di Gandasoli Sukabumi aya dukun wacis, nya manéhna indit ka Gandasoli, minangsaraya. Indit sorangan da bapa geus euweuh, dulur lalaki teu boga. Ujuk-ajak gé da teu boga jang ongkos ari abring-abringan mah.

“Kumaha ceuk dukun Gandasoli?”

“Ieu wé dibéré rupa-rupa parawanten. Cenah kudu digodog dipaké mandi. Tapi ieu jam sabaraha?”

Kuring mireungeuh jam tangan.

“Tabuh satengah salapan!”

“Duh kaburu moal, nya?”

“Kalem. Amang rék ngebut!” ceuk supir elf. Enya wé supir ngajalankeun kandaraan mani apeng-apengan. Saban ngaliwat ka tikungan gé sora ban mani ciciricitan.

“Ati-ati, Pir!” kuring tipepereket nyekel panyarandéan nu hareup.

“Nyawa lebih diutamakan, Pa!” témbal supir teu ngagugu kana panggeuri kuring.

Tabuh sapuluh, anjog ka Tanggeung. Nya katitih telat da tadi lila teuing di terminal. Mangkaning ceuk Nyi Sati, perlu waktu sajam deui tumpak ojég ka lemburna téh.

“Beu!”

Nyebut “beu” téh sabab di dinya geus tiiseun euweuh ojég.

“Pir, wayahna nungguan ojég heula. Kakara urang berangkat,” ceuk kuring.

“Siap, Pa!”

Satengah jam, kakara aya ojég. Manéhna ménta upah limapuluh rébu, ari si budak nawar 20 rébu da cenah duitna gé ngan sakitu. Ceuk manéhna, éta mah tadina jang mayar elf. Ka imah mah kapaksa deuk leumpang.

“Nu matak abdi ceurik baé gé sieun teu kaburu jam 12 …” ceuk Nyi Sati.

“Yeuh!” ceuk kuring ngasongkeun limapuluh rébu salambar..

“Naon ieu?”

“Duit,” témbal kuring.

“Muhun terang. Kanggo naon?”

“Geuwat tumpak ojég bisi teu kaburu!” ceuk kuring nyarék budak awéwé loba tatanya.

Nyi Sati nampanan duit geus kitu gura-giru kana sadel motor. Biur motor indit.

“Hayu!” ceuk kuring ka supir.

Ayeuna mah ngajalankeun kandaraan teu apeng-apengan. Ceuk supir, rék ngadagoan subuh nungguan muatan ka Cianjurkeun.

“Aya kénéh nya sarupaning teluh jeung santet téh …” kuring ngarerendeng.

“Euh, mahabu Pa di pakidulan mah. Teu kaop boga perkara, sok aya anu lumpatna kana werejit,” ceuk supir.

“Karunya nya budak, sieun teu kaburu …” kuring ngagerendeng deui.

“Da lamun jalanna asup kandaraan mah, abdi daék nganteurkeun tepika lemburna …” ceuk supir. Cenah manéhna apal, jalan éta mah nya rumpil nya heureut nya taringgul ku batu. Netek deuih da ngeumbing pasir.

“Ludeungan atuh éta budak. Lain dibaturan ku saha wé atuh …” ceuk kuring deui.

“Puguh abdi gé héran. Éta dulur pisalakieunana mani euweuh nu mantuan,” ceuk supir. “Tapi enya meureun ku euweuh duit téa … “ omong supir elf deui.

Kuring mah langsung ngaguher da teu kawawa ku capé.

***

Penulis: Hermawan Aksan
Editor: Hermawan Aksan
Sumber: Tribun Jabar
Ikuti kami di
KOMENTAR

BERITA TERKINI

© 2021 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved