Carpon
Pangarang Kasohor
Langit caang narawangan, taya méga anu ngahalangan. Pantes pisan saenyana saupama dipaké leuleumpangan bari ngadagoan panonpoé surup.
“Saha?”
“Duka, teu wawuh.”
Ngahuleng sakeudeung. Kila-kila piteu-béréseun deui waé, ceuk na haté.
“Béjakeun wé keur euweuh. Atawa keur saré.”
“Karunya, geus saminggu pulang anting waé ka dieu.”
Antukna lah-lahan cengkat. Léos ka tepas.
“Aduh, kaleresan Akang nuju nyondong di bumi. Puguh abdi téh gaduh carita pinoveleun. Janten kieu ...,” pokna teu tata pasini deui. Gék diuk, teu ngadagoan dimanggakeun.
“Ké heula. Saha ieu téh?” kuring gasik megat.
“Abdi téh pengagum sadérék. Hoyong pisan carita pinoveleun abdi didangukeun, sateuacan ku abdi diketik. Kantenan, nu mawi abdi kumawantun téh da salian ti kasohor minangka pangarang, Akang téh kaceluk jalmi daréhdéh ongkoh. Éta carita novel téh ngeunaan adi lanceuk anu papisah ti oorok kénéh. Kieu geura ….”
“Atuh saé ketik heula wé.”
“Nya éta, abdi téh aya kabingung kénéh. Geura ku Akang mah pasti bakal kabantosan. Kieu geura ….”
“Abdina nuju sibuk ieu téh.”
“Sapuluh meniiit atuh, Kang. Atanapi lima belas menit. Nya?” cénah semu ngalengis.
Éléh déét. Kapaksa unggeuk ngaenyakeun.
“Janten kieu Kang …,” barabat manéhna ngadongéng bari pepeta, badis dalang keur ngawayang tengah poé.
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/jabar/foto/bank/originals/ombak-laut.jpg)