Breaking News:

Carpon

Pangarang Kasohor

Langit caang narawangan, taya méga anu ngahalangan. Pantes pisan saenyana saupama dipaké leuleumpangan bari ngadagoan panonpoé surup.

Tribun Jabar
Ilustrasi Carpon Ombak Laut 

Carpon LUGIENA DE

AYA ku kabeneran hadé poéna pasosoré téh. Langit caang narawangan, taya méga anu ngahalangan. Pantes pisan saenyana saupama dipaké leuleumpangan bari ngadagoan panonpoé surup. Tapi ukur bisa ngahuleng tina tukangeun jandéla. Bubuhan geus aya kana sawatara mingguna iinditan téh tara bisa tumaninah.

Alatanana mah nyaéta carpon-carpon kuring anu sumebar dina mangpirang majalah jeung koran. Sabada carpon-carpon kuring dimuat, ngaran kuring tuluy kasohor. Sasatna balaréa geus pada mikawanoh. Témahna unggal-unggal ngalalar ka luar, tangtu wé aya nu megat di tengah jalan. Geus karuhan ari pada melongkeun mah. Ieu geura ari geus ngarubung ngajak sasalaman, tuluy ménta tanda tangan, atawa hayang dipoto bareng. Lain sakali dua kali kituna téh. Teu sirikna unggal indit sok pada megat.

Mana komo sanggeusna carnyam kuring, anu judulna “Deudeuh Geugeut Leuh Euleuh- Euleuh”, dimuat dina majalah Sinar Layung. Ripuh wé carékna mah iinditan téh. Geura kawas poé kamari, keur genah-genah leumpang, ujug-ujug suruntul téh aya anu nubruk bari tuluy nangkeup. Ibu-ibu bayuhyuh. Kek nyekel leungeun, sasalaman, bari dirames satakerna. Tanagana badis atlit angkat besi.

“Haturan, Ayi, haturan! Duh, bagja taya papadana tiasa ditepangkeun sareng Ayi. Abdi téh sok maca carnyam salira ‘Deudeuh Geugeut Leuh Euleuh-Euleuh’ dina majalah Sinar Layung. Éstuning katarik ati kapentang manah sim abdi mah! Di rorompok gé teu weléh parebut baé majalah téh. Dugi ka kapaksa ngalanggan téh dua éksémplar ...,” jeung panjang deui saterusna mah, teu sirikna kawas kacang ninggang téng waja. Palias kuring mah ukur pupuringisan, linu ku leungeun nu embung leupas sasalaman.

Minggu kamari séjén deui lalakon téh. Keur balanja di toko sagala aya, jol pucunghul ti tukangeun. Bapa-bapa, geus tengah tuwuh, tapi kaciri kéwes, perlénté. Paromanna marahmay.

“Duh sukur, anaking, urang tiasa tepang di dieu. Naha mani tara sumping ka ditu? Diarep- arep diantosan, mani taya hol waé,” pokna.

“Dongkap ka mana téa, Bapa?” tanya téh bari olohok. Bubuhan da panggih gé karék harita.

“Hih, éta tah, ka Jalan Prabu Gurunggusuh. Geura caket ti dieu mah. Kantun naék angkot, lungsur payuneun pasar Mambo. Tah, rorompok Bapa téh pengkereunana pisan. Pun anak mah nu cikal, sumuhun anu parawan, mani pok deui-pok deui, ‘Bapa, iraha badé ngulem Kang Pangarang téh? Sono hoyong tepang sareng jinisna. Ulah ngan ukur terang kana seratanana waé.’ Ih da teu cekap ku diwaler kieu ku Bapa téh, ‘Hih, manasina ngondang mantri suntik, babari. Anjeunna mah meureun riweuh ku urusan nyerat.’ Angger baé sok ngarenghik. Kitu. Nu mawi, sumping geura ka rorompok. Ulah nolak pangulem sepuh, ah, pamali! Étang-étang silaturahmi. Sukur-sukur upami teras manjang duduluran,” cénah.

Nya ti harita mah jadi rada dikurangan iinditan téh. Dalah sakalieun aya perlu gé sok rerencepan bari satengah nyamur. Awak ditutupan ku jas ngagobér. Sirah ditopi pét rada nutupan beungeut. Jig indit kaluar, teu weléh bari culang-cileung.

Halaman
1234
Editor: Hermawan Aksan
Sumber: Tribun Jabar
Ikuti kami di
KOMENTAR

BERITA TERKINI

© 2020 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved