Carpon

Pangarang Kasohor

Langit caang narawangan, taya méga anu ngahalangan. Pantes pisan saenyana saupama dipaké leuleumpangan bari ngadagoan panonpoé surup.

Editor: Hermawan Aksan
Tribun Jabar
Ilustrasi Carpon Ombak Laut 

Éléh déét. Kapaksa unggeuk ngaenyakeun.

“Janten kieu Kang …,” barabat manéhna ngadongéng bari pepeta, badis dalang keur ngawayang tengah poé.

Sapanjang manéhna ngocoblak téh kuring ukur ceuleumeut. Panon rét deui-rét deui kana jam tangan. Kadéngé di tukang si blékih gugag-gogog, tayohna lapareun ménta parab. Leng deui mikiran sapatu anu leungit sabeulah. Di mana nya? Asa maenya poho neundeun mah. Atawa digusur ku anjing kitu? Bangkawarah boga anjing téh. Hésé pisan diwarahna. Ari rék dipiceun asa karunya.

“Na da éta mah, basa keur meuntas,” omong éta sakadang tamu, “Jedak téh aya motor nabrak, mangka keur tarik pisan. Awakna baloboran getih. Geuwat baé diparayang ka rumah sakit. Ari di rumah sakit bet tepung jeung raina pisan anu tos janten dokter. ‘Ieu téh Kang Rahmat?’ pokna. ‘Sumuhun.’ Di dinya kénéh atuh duanana tuluy silih gabrug.” Reg eureun.

Kuring anu keur anteng ngalamun asa kagebah. Lieuk ngalieuk.

“Kumaha saur Akang?” cénah.

“Saé… saé…. Atos tamat?”

“Teu acan. Kieu terasna téh ….”

Daradad deui manéhna ngocoblak bari angger pakupis pepeta.

Emh, Gusti! Ngimpi naon aing, bet kudu kaririweuhan ku jalma manyang-munyung! Sing sumpahna gé, da ti batan jadi pangarang, ieu mangkeluk téh pantes kénéh jadi tukang obat. Rét kana jam tangan. Geus ampir lima welas menit horénganan. Haté mimiti ngageremet. Hayang ngusir ka si tamu atah adol. Ngan teuing kudu kumaha.

“Ti dinya mah si Kang Rahmat téh teras ngiring ka raina. Bubuhan tos teu sanak teu kadang. Tapi ti dinya mah Kang Rahmat téh babalik pikir. Tos teu ngémutan deui kabogohna nu mimiti téa. Atuh raina ogé najan saméméhna teu kantos patepung, kacida ngangkenna ka si Kang Rahmat téh,” cénah bari nyusut ciduh nu muncrat kana gadona.

“Panjang kénéh?”

“Sakedap deui, Kang,” geuwat némbal. Tuluy ngocoblak deui nyaritakeun si tokoh novel Rahmat saparakanca.

Rét deui kana jam tangan. Geus dua puluh menit leuwih. Si blékih beuki tarik gugag- gogogna. Lieuk kana akuarium. Karék tétéla horéng caina geus semu kiruh. Kudu geuwat dibersihan. Kaburu kitu poé ayeuna? Apanan kudu néangan sapatu nu leungit sabeulah téa, deuih. Di mana nya?

Halaman
1234
Sumber: Tribun Jabar
  • Berita Populer
    Ikuti kami di
    KOMENTAR

    BERITA TERKINI

    berita POPULER

    © 2022 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
    All Right Reserved