Carpon
Nu Mangprung na Lulurung Simpé
Beus mangprung meulah patalimarga nu can pati ramé. Panumpang gé masih diwatesanan jumlahna, diuk paanggang. Sajok saurang. Lah, asa beuki simpé.
Kupejamkan mata ini
mencoba tuk melupakan
segala kenangan indah tentang dirimu, tentang mimpiku...
Ni hayang mareunan da. Asa diléléwé ku lagu nu disetél na beus.
Beus mangprung meulah patalimarga nu can pati ramé. Panumpang gé masih diwatesanan jumlahna, diuk paanggang. Sajok saurang. Lah, asa beuki simpé.
Miceun teuteup ka luar jandéla kaca, kalah keueung. Tatangkalan nu ngabaris di sisi jalan lalumpatan ka tukang, bangun nu hayang malikan lalakon nu kungsi kasorang.
Semakin aku mencoba
Bayangmu semakin nyata
Merasuk hingga ke jiwa
Tuhan tolonglah diriku...
Geus mangtaun-taun, angger teu bisa mopohokeun anjeun, Bim. Ahhh...
Ras baheula urang kungsi sajok na beus basa balik nganteurkeun manéhna ka bandara. Enya Kang Irawan, sobat anjeun nu rék neruskeun kuliah ka luar negri.
***
"Ih, beurat. Leuheung mun teu ngadahdir mah!" nyurungkeun sirahna nu ngulahék kana taktak.
Nu keur nundutan ngadadak cénghar, ngadon nyéréngéh. Tuluy ngodok saku jakétna, goréhél peremén mint. Dipesék, tuluy diasongkeun hareupeun biwir.
"Embung!"