Carpon

Nu Anyar Datang

GEUS lila kuring embung nyekel pagawean naon wae...

Editor: Dicky Fadiar Djuhud
GRAFIS TRIBUN JABAR / WAHYUDI UTOMO
Ilustrasi. 

Carpon Ida HaKa


HUJAN ngecrek ti isuk nepi ka wayah kieu, palolohor. Tina jandela katempo dandangdaunan bareresih ngararemploh hararejo kacebor ku cai hujan. Adan lohor kadenge ti jauhna.

Gura giru kuring wudu. Rengse solat lohor, kuring ngahanca memeres imah.

Geus lila kuring embung nyekel pagawean naon wae, tara masak, tara beberes. Estu nurut kana hate nu keur gering. Aya sataun mah kuring kikieuan teh.

Salaki geus mapatahan, kuring kudu diajar narimakeun kaayaan nu tumiba ka diri sarerea. Tapi hate can bisa narima kana kaayaan. Masih nganaha-naha, ieu teh nasib atawa cocobi.

Kuring sok ngarasula keneh mun inget kana kaputusan Rahma, anak kuring nu awewe basa pepegatan jeung salakina. Ayeuna Rahma geus pepegatan.

Nu jadi indung masih keneh ceurik balilihan. Ras kana caritaan besan jeung minantu, cenah ngarasa geus nu sakitu bageurna, dinyenyeri ku Rahma. Asa jadi indung nu teu bisa ngawarah anak.

Jaba era ku dulur, ku sarera nu wawuh mun pareng panggih jeung maranehna boh dina pasamoan, boh dina rapat organisasi. Kitu deui dina arisan, jeung gempungan nu sejen.

Nepi ka sok ngahaja balik pangheulana, sieun aya nu nanya ka kuring. Komo ka nu masih inget basa ngawinkeun Rahma. Maranehna geus reang nanyakeun geus incuan acan?

Nalangsa, ceurik balilihan ngajerit maratan langit neda pitulung ti Gusti Illahi Robbi, mugi cocobi ieu geura dipasihan ubarna keur anak jeung diri kuring sarerea.

Sanajan salaki kuring unggal waktu sok mapagahan, tapi sakapeung manehna oge sok dareuda, nganaha-naha ku kaayaan nu tumiba. Nasib atawa papasten ieu teh, ceuk obrolan, sakapeung mun keur duaan.

Ayeuna geus rek sabulan, kuring memeres imah, mimiti ti kebon hareup ka pipir imah, ka teras, ka tengah imah, ka taman nu di tukang.

Kakara dipigawe sakitu ge, nu jadi salaki geus bisa meunteun yen imah geus alus, geus luwis deui. Pepelakan geus dipangkasan mah, imah heunteu hieum deui.

Kuring atoh meunang peunteun ti salaki, kuring mairanana ku mesem, najan hate masih nyimpen karudet.

Sumber: Tribun Jabar
Halaman 1/2
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved