Carpon

Muga Langit Tuluy Cangra

ISUK kénéh geus kadéngé sora tukang sayur nu nguriling dina motor, nawarkeun ku sora tina sepiker leutik nu di babawana.

Penulis: cep | Editor: Dicky Fadiar Djuhud

Karya: Tety S Nataprawira

ISUK kénéh geus kadéngé sora tukang sayur nu nguriling dina motor, nawarkeun ku sora tina sepiker leutik nu di babawana.

" Tingtong!, sayur mang Otong! " Cenah. Ma Unah nempo tina jandéla imah kontrakan. Enya, tukang sayur geus datang. Hawa isuk mawa sumanget kanu geus lalunta.

Sababaraha bulan ka tukang, sakanyaho Ma Unah, Otong dagang sayurna maké gorobag leutik, ti gang ka gang. Otong budak ngora nu ngumbara ti lemburna jadi tukang sayur, kungsi milu nulungan ma Unah basa ka banjiran.

" Na teu peré mang? Pan poé ieu téh coblosan?" Nyi Uti nu katempo ku Ma Unah, nanya bari ngébréng-ngébréng bayem.

"Ih atuh, geus miheulaan uing mah, tuh tingali!" Otong némbongkeun cinggirna nu geus aya mangsian.

"Maenya, ning téréh?" Bi Sari, réncang Bu Surya milu nanya, gap kana daging hayam.

"Mana pesenan téh?" Pokna. Sor Otong ngasongkeun sababaraha kantong.

"Tah pilih, satengah kiloan, moal misleuk . " Témbalna bari ngaladangan nu séjén, cuhcih. Ma Unah angger ngawaskeun, diukna pindah kana bangbarung lawang panto.

roda

                                                                                    grafis : wayhudi utomo

Aya kabungan nu seselendep na haténa. Bungah, ngabandungan tatanggana jaligrah, pangpangna ngabandungan Otong, budak ngora nu geus nulungan manéhna, jeung nu sok hideng mangbalanjakeun tarigu, engkol, togé jeung minyakna keur manéhna nyieun bala-bala. Iderkeuneun, ti harita tepi ka ayeuna.

Poé ieu Ma Unah teu wani buru-buru nanyakeun balanjaanana, rumasa nu kamari can kabayar. Kamari teu bisa barangjieun lantaran awakna teu puguh rasakeuneunana, nyareri, teu ngareunah.

Biasana, mun lain bulan puasa mah dagangan sok dibawa ka sakolaan nu deukeut ngarah haneut kénéh ditawarkeunana. Payu, ibu-ibu Guru ogé saredepeun geuning, sok jarajan.

Tapi apan geus aya samingguna sakolaan peré awal puasa. Kasambung ku peré sanggeus saramen.

Dagang ka pabrik nu rada jauh leumpangna, ma Unah geus teu kuat.

Sumber: Tribun Jabar
Halaman 1/2
Tags
carpon
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved