Carpon

Bandera Lalayu Sekar

KARUNG eusi gelas jeung botol palastik urut inuman geus méh pinuh. Aya ogé kardus urut di jero karung téh. Mokaha loba beubeunangan poé ieu mah.

Editor: Hermawan Aksan
Ilustrasi Carpon Ranggon Panyawangan 

KARUNG eusi gelas jeung botol palastik urut inuman geus méh pinuh. Aya ogé kardus urut di jero karung téh. Mokaha loba beubeunangan poé ieu mah, rada beurat ogé manggulna. Lumayan mun dihijikeun jeung beubeunangan poé kamari mah. Aya setorkeuneun ka pangkalan, isukan. Ku itungan Odin mah, beubeunanganana bisa keur bekel sababaraha poéeun, sawaréhna deui keur nambahan cicilan baju seragam sakola budakna nu cicing di lembur jeung ninina.

Panon poé geus lingsir ngulon, Odin ngabengkot manggul karung kebat ka kidulkeun. Patalimarga pauntuy-untuy, leuwih ramé tibatan poé biasa. Saméméh péngkolan katempo barudak ngora di tengah jalan keur ngasong-ngasong dus marénta sumbangan, ngahalangan kandaraan nu liwat. Barudak ngora nu berséka, lain barudak caludih siga nu sok barang pénta ka saha waé. Geus jadi ilaharna ayeuna mah, unggal rék tujuh belasan loba nu nyegatan kandaraan pikeun ngumpulkeun sumbangan keur waragad ngareuah-reuah tujuh belas Agustusan.

Geus rék tujuh belasan deui geuning ieu téh, ceuk Odin dina haténa. Teu karasa, asa cikénéh tujuh belasan téh. Teu béda ti taun-taun saméméhna gé sapaparat jalan loba nu marénta sumbangan. Sakapeung sok asa hémeng pikeun Odin mah nempo nu maréntaan sumbangan ku cara kitu téh. Meureun nu dipéntaan sumbangan ogé sarua hayang ngareuah-reuah di lemburna, sarua butuh waragad. Naha ukur maranéhanana wungkul kitu nu rék ngayakeun raraméan téh? Tapi matak nyarumbang gé batur mah meureun laloba duit, teu kawas dirina nu ngandelkeun hirup sasat tina barang nu dipiceun ku batur.

Aya nu pikabungaheun dina usum raraméan modél kieu, biasana beubeunanganana sok rada undak. Asal daék ngalanto ka témpat urut raraméan, runtah palastik urut nginum geus pasti loba. Pabalatak kari mulungan, teu kudu ngacak-ngacak wadah runtah. Da mun seug kawas ceuk béja, nu miceun runtah dipisah-pisah antara runtah palastik jeung runtah biasa, ngeunah meureun mulung téh kari ngarawuan.

Sajajalan bandéra geus pating kélébét, dipasieup ku umbul-umbul warna-warni. Odin ngarandeg bari neuteup anteb naker. Pikiranana cus-cos ka mana-mendi.

Odin terus ngagedig nuluykeun deui léngkahna. Teu karasa leumpang bari ngalamun mah asa téréh nepi. Blus ka gang péngkolan imah kontrakanana. Imah nu pagéyé-géyé jeung papada baturna. Nu sarua pada-pada tukang ngoréhan paruntahan.

Babawaanana satengah dibeubeutkeun. Dihijikeun jeung beubeunangan poé kamari nu digundukeun handapeun tangkal teu jauh ti imahna. Tuluy diudaran. Eusina dipisah- pisahkeun. Gelas palastik cai nginum dihijikeun jeung botol palastik. Kitu deui kardus jeung kardus deui.

“Mulung di mana, Kang? Geuning beurang kénéh geus balik?” Ceuk pamajikanana bari nyampeurkeun.

“Tatanya teuing atuh. Anggur pangnyieunkeun cikopi kaituh,” témbal Odin jongjon ngéntépan beubeunanganana.

“Béak kopina gé. Ké urang nganjuk heula ka warung Ceu Empat,” ceuk pamajikanana bari tuluy ngaléos ka warung.

“Heueuh sakalian jeung ududna satengah, béjakeun isukan dibayar mun geus setor!” Odin satengah ngajorowok.

Peutingna Odin nyanghunjar bari ngelepus udud satutasna salat isa di tajug nu teu jauh ti imahna. Ngararasakeun kacapé balas ider-ideran tadi beurang. Sésa cikopi tadi soré ngajagrag hareupeunana. Inget deui kana bandéra nu geus pating kélébét. Bet ras inget kana titinggal jenat bapana. Nu matak tadi beurang manéhna ngarandeg heula, neuteup anteb kana bandéra.

Kojéngkang Odin kana bupét leutik di juru imahna. Laci handapna ditarik, nu dibungkus ku kérésék hideung dicokot. Tuluy dibuka eusina. Bandéra titinggal bapana, nu unggal tujuh belasan tara elat dikélébétkeun.

Kérésék dibuka. Eusina dikaluarkeun. Dibébérkeun. Ditelek-telek. Geus boléas bandéra téh. Puguh waé da geus aya puluhna taun di manehna gé, ti saprak bapana tilar dunya. Cimatana ngembeng, ingét ka nu mikeunna. Nu ngomat-ngomatan ulah éta bandéra ulah dibalaburkeun.

Manéhna sok resep ari ngabandungan bapana keur ngadongéng téh. Dongéng keur jaman ngungsi baheula. Sok sanajan bapana teu kungsi jadi tentara tapi cenah miluan ari asruk- asrukanana mah. Malah kungsi milu ngungsi ka Buahdua Sumedang sagala, dibawa ku lanceuk jeung nu jadi salakina. Di pangungsian sok ngadon babantu ka tentara, purah diutuh- étah. Garagah pisan, ceuk bapana Odin, tentara harita téh. Hanjakal cenah harita téh Bapa leutik kénéh, jadi teu kaajakan perang. Tapi ku kitu gé teu kurang matak reueus, bisa sagulung-sagalang jeung tentara. Nya ieu hal pisan nu ngajadikeun bapana Odin kacida ajrihna ka para pajuang.

Salian ti éta, nu sok didongéngkeun téh ripuhna jaman ngungsi. Kaayaan di pangungsian anu walurat sagalana.

“Si Akang, anak Uwa manéh mah, pan dijurukeunana gé di pangungsian. Nu matak Akang manéh nu éta mah rada bedegong,” ceuk bapana harita bari seuri. Ngariweuhkeun saréréa cenah keur dijurukeunana téh, hadéna nu araya di pangungsian balageur. Loba nu narulungan.

Hormat nu jadi bapana ka para pajuang téh teu luntur saumur-umur. Kabuktian dina jaman kadieunakeun basa bapana tepung deui jeung tentara nu dipikawanohna, banget bungaheun. Komo basa ditawaran gawé di imahna mah, teu diengkékeun, harita kénéh disanggupan. Aya taunna betah kumawulana di éta tentara nu sok nelah disebut Pa Mayor téh. Komo da ku Pa Mayor gé sasat teu dibujangkeun, ukur ngagawékeun nu kadada-kaduga. Minangka gawé matuhna mah ukur ngurus pepelakan nu aya di taman jeung ngurus ingon-ingon karesep Pa Mayor.

Teu lila sanggeus Pa Mayor pangsiun, Bapa gé pupulih rék eureun kumawula lantaran hayang matuh cicing deui di lembur. Teu dikorétkeun ku Pa Mayor gé. Dina jungna deui ka lembur téh sagala dibahankeun. Lungsuran tilas Pa Mayor katut palaputrana aya kana sababaraha kardusna, bagikeuneun di lembur basana téh. Tapi tina babawaan anu sakitu lobana téh aya hiji nu paling istiméwa keur Bapa. Bandéra hadiah ti Pa Mayor pikeun dikélébétkeun di lembur. Bandéra anu dipikameumeut pisan. Unggal tujuh belasan éta bandéra dikélébétkeun di hareupeun imahna. Dina waktuna kitu katempo bapana reueus jeung hormat pisan. Baju jeung pét lungsuran ti Pa Mayor sok ngahaja dipaké.

Ngan teu jauh jeung kaayaan bapana nu hirupna ukur kumawula ka batur, dirina gé kitu pisan. Di lembur ukur bisa kula-kuli sakapanggihna. Da puguh gawé ukur ngandelkeun tanaga, teu siga batur nu baroga ijasah bisa gawé nu leuwih merenah. Lunta ka kota bet jarauh tina pangharepan. Niat hayang ngaronjatkeun kahirupan ukur sakadar kahayang wungkul, antukna mimilu ka batur-baturna nu sanasib jadi tukang ngumpulkeun rongsokan.

Isuk kénéh Odin geus singkil. Tihang bandéra tina awi nu dipulas beureum bodas geus ditangtungkeun. Bandéra ditalikeun kana tihang. Bandéra ngélébét hareupeun imah Odin. Bandéra lalayusekar. Beureumna geus boléas, pon kitu deui bodasna robah semu konéng. Tapi Odin mah reueus béak karep. Bandéra nu dipusti-pusti titinggal bapana, jalma nu mikareueus para pahlawanna.

Odin ajeg. Sikap sempurna. Nyipta-nyipta siga nu kungsi dilalajoanana dina TV tatangga mangsa tujuh belasan, teuing nu upacara di lapangan mana.

“Cik atuh sing boga pikiran, Din! Maenya bandéra kitu patut dipasangkeun kénéh,” ceuk RT teu kanyahoan datangna.

Odin ngalieuk. Satengah ngarénjag. Keur anteng melongkeun bandéra bet ujug-ujug aya RT nyampeurkeun bari pok-pokanana teu pikangeunaheun.

“Ganti ku nu weuteuh atuh, da moal sabaraha ieuh hargana.” Pokna semu muncereng.

Odin melengek. Angger teu lémék. Bandéra kareueusna sasat dicacampah ku RT. Leungeun meureup bari ambekanana ngahégak, nyelek kana tikoro.

***

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved