Carpon

Kuring Paeh

KURING ngaleupaskeun nyawa di kamar sorangan sanggeus saminggu nandangan panyakit, nyaéta awak nyebrét panas paselang jeung batuk ngajegroh.

Editor: Hermawan Aksan
Ilustrasi Carpon Basa Bah Padma Tilar Dunya 

Ku Aan Merdeka Permana

KURING ngaleupaskeun nyawa di kamar sorangan sanggeus saminggu nandangan panyakit, nyaéta awak nyebrét panas paselang jeung batuk ngajegroh. Basa masih kénéh jagjag (maksudna bisa kénéh leumpang), kuring hayang tatamba ka dokter. Tapi ku aturan anu anyar, anu rék tatamba ka rumah sakit kudu daftar ngaliwatan jaringan online bari nerangkeun naon panyakitna. Dina usum sasalad korona atawa Covid-19 pihak rumah sakit gé kudu ati-ati nampa pasén. Eta téh sanggeus aya béwara yén dina pedemik korona, sakabéh rumah sakit badag kudu ngaheulakeun anu positif keuna ku korona. Pasén anu anyar, komo anu lain korona, prioritas pikeun nampa pangladén rumah sakit, dinomer-duakeun. Lain hartina rumah sakit nolak pasén, ngan kamar pikeun pasén umum geus pinuh. Kamar anu masih kosong, éta keur nyayagikeun anu positif ku korona.

Kuring ambek satengah pundung satengah asa dimomorékeun. Komo sanggeus saban rumah sakit ditelepon, cukup nyebutkeun kamar pinuh.

“Geus lah, teu kudu! Cicing wé di imah. Ongkoh ceuk Pamaréntah gé saban jalma dina usum Corona kiei mah kudu cicing di imah!” cekéng téh ka pamajikan.

“Bapa, abdi lain ngarepkeun Bapa katerap ku korona. Tapi pan ceuk medis, anu babari katarajang virus korona téh nyaéta anu keur gering, sabab ketahanan imunna kurang,” ceuk pamajikan.

“Enya, ari geus kudu kumaha? Pan buktina sakitu héséna hayang dirawat di rumah sakit téh, padahal urang moal ngagunakeun pasilitas BPJS, deuk mayar kontan!” ceuk kuring.

“Tapi Bapa ...”

“Geus lah! Ké saréréa garering loba hubungan jeung pihak rumah sakit mah. Gering pikir, ogé gering katerap ku korona ti pasén-pasén nu aya di ditu!” ceuk kuring.

Geus sababaraha kali pamajikan ngondang dokter prakték sangkan daék mariksa ka imah. Tapi kalolobaan nolak ku alesan loba nampa pasén di ruang prakték.

Tilu poé ti harita, awak beuki ripuh. Engapan hukhék asa eungap. Sirah lieur jeung saluar awak boborot késang badag késang lembut, malah katambahan jadi ngagibrig tiris.

Ari geus kitu mah, dokter prakték aya anu daék datang ka imah. Manéhna datang bari beungeutna dibaguded teu cukup ku masker biasa. Mireungeuh kitu, atuh tatangga batan daék ngalongok kalahka tingharéphép.

Kuring téh dumuk di hiji perumahan élit, malum tadina pajabat pangkat pertengahan di BUMN. Ngan bubuhan kahirupan di perumahan, komunikasi jeung tatangga téh jarang pisan lamun mah teu disebut teu wawuh pisan. Kabéh jalma sibuk. Indit isuk-isuk, balik peuting. Mun sakalina aya rapat RT/RW, cukup diwakilkeun ku bedinde. Lamun aya anu gering, warga arang apal. Lamun aya anu maot, anu pangheulana datang téh dulur jauh da tatangga mah wayah magrib gé geus ngaringkkeb manéh di jero imah gedong anu gerbangna paluhur- luhur. Nya kumaha wé kalauan kuring sapiriumpi. Sarua kitu.

Dokter anu dipanggil can bisa mastikeun naha panyakit kuring balukar virus korona atawa lain. Sanajan dina panduan umum disebutkeun ciri-cirina, tapi tetep kudu ngaliwatan pamariksaan laboratorium anu sohéh mah.

Tah, sabot kitu, awak kuring beuki ripuh baé. Malah dokter téa geus ditelepon deui. Ngan manéhna léléda datang, tepika ahirna ... kuring paéh!

Ngarasa kuring paéh téh sabab kuring loba maca buku ngeunaan kahirupan sabada paéh. Pan aya dongéng, sabot bugang pada nyeungceurikan, ari awahna mah, nyérangkeun ti juru kamar bari bengong alatan héran. Tangtu héran, naha aya bugang ngajelepeng bengeutna jiga kuring? Tah ayeuna gé kuring keur ngalaman hal éta. Anak-pamajikan tinggalaur ceurik bari nanangkeup awak anu jiga kuring, padahal ari kuring mah aya nangtung gigireun maranéhna. Kuring te bisa nyarita asa pireu. Hayang noél awak pamajikan gé teu bisa da asa teu boga leungeun.

Kurang ti sajam, datang ambulans ka hareupeun imah.

“Saha anu manggil ambulans, pan Ibu mah acan kontak? Ceuk pamajikan. Kurunyung Si Uja, juru taman. Cenah manéhna hideng nelepon dokter anu kamari mariksa kuring tur ngabéjaan soal kondisi kuring.

“Rupina Si Bapa Dokter nu éta anu hideng nelepon ka rumah sakit nyuhunkeun dikirim ambulans,” ceuk Si Uja.

Patugas ambulans langsup ka jero, kabéh maraké saragam ADP. Kaayaan tambah kaweur sabab pamajikan nolak diakut ku ambulans bari patugasna mamaké saragam anti Corona.

“Salaki kuring can tangtu paéh ku korona!” ceuk pamajikan.

Ibu, kami tidak menuduh suami Ibu meninggal oleh korona, tapi sekarang sudah menjadi standar baku, apalagi ada surat rujukan dari dokter yang kemarin menangani suami Ibu!” ceuk salah-saurang patugas.

Awak anu ngajolor anu rurupanana jiga kuring,, ku patugas langsung dibulen ku plastik, malah dilak teu meunang dibuka. Basa éta awak geus diakut kana brankar, loba jalma ronghok tina pagerna imahna masing-masing tur saurang gé euweuh anu wani ngadeukeutan imah kuring.

Anak-pamajikan teu meunang milu kana ambulans tapi kudu dina kandaraan anu misah. Atuh anu aya dina ambulans mah ukur patugas wungkul.

Kuring nuturkeun. Anéh jeung reiwas, sabab awak kuring kakalayangan jiga Superman dina film. Ambulan nyuruwuk ngebut bari huang-héong, awak kuring ngalayang tarik aya tukangeun ambulans.

Kuring nuturkeun ka rohangan husus. Awak anu ngalonjor jiga kuring, dipariksa ku patugas médis anu sarua papada maké saragam anti korona. Lila jeung léng;é da kudu ngaliwatan sababaraha prosédur. Ngan sanggeus kitu, salah-saurang patugas médis nyampeurkeun pamajikan bari nyebutkeun yén kuring lain paéh ku alatan virus korona.

“Alhamdulillah ...” ceuk pamajikan ngucap sukur bari reumbay cimata. Barudak anu sarua reumbay cimata gé papada ngucapkeun alhamdulillah. Anu jebi mah kuring. Naha aing kojor maké nyebut alhamdulillah? Emh, boa geus ngaritung rék nampa waris, sabab tanah jeung sawah ngaleuya di mamana, imah kontrakan galituk di mamana. Acan tagihan-tagihan di luar ku sabab loba jalma ngarinjeum duit.

Kuring diakut deui ka imah. Ngan di imah mani tiiseun. Tatangga euweuh anu wani deukeut. Mun mah aya anu ngucapkeun béla sungkawa, ngomongna ti kajauhan mani jiga anu patorong-torong. Atuh tong boroning deungeun-deungeun, dalah dulur-dulur gé jiga rada seunggah ngurusanan bugang anu rurupaanana jiga kuring téh. Sanajan pamajikan némbongkeun surat dokter tanda bébas korona gé, euweuh anu daék ngamandian éta bugang. Patugas DKM gé dina ngamandianana, mamaké masker kandel.

Bugang anu rurupaanana jiga kuring téh geus diboéhan, geus diteundeun dina pasaran. Basa rék diakut ku masjid pikeun disolatkeun, loba warga anu teu satuju.

“Da nyolatkeun mayit mah di bumi ogé tiasa,” pokna. Sababaraha urang satuju kana éta pamanggih.

“Sumuhun, sami baé di rorompok gé,” ceuk pamajikan siga sieun jadi loba patelak pamanggih.

Kuring gé satuju kana pamanggih nu aya, sabab ngarasa éra. Rumasa salila ieu arang ka masjid. Lamun mah salat di masjid, nya di masjid kantor wé atawa di masjid nu aya di luar kota da remen tugas jauh. Atawa ... nya teu ka masjid pisan ari saking ku sibukna pagawéan mah. Nya, éra lah ... maenya asup ka masjid di lembur sorangan téh kain solat tapi disolatkeun.

Dua bulan ka tukang saméméh guyur ku urusan korona, tilu kali kuring milu ngiringkeun mayit ka kuburan. Cacakan anu maot téh bawahan kuring, tapi sasat ampir pagawé milu ngiringkeun tepi ka kuburan. Ngan giliran anu paéhna kuring, anu ngiringkeun ka kuburan téh paling loba 20 urang, kitu gé ngiringkeunanana patarenggang jarauh. Sedih jeung asa diwilah- wilah. Da jigana ampir kabéh anu paéh bakal ngarasa agul lamun anu ngiringkeun ka kuburan téh jumlahna loba, ngaratus urang komo ngarébu urang mah.

Ngan kuring anu maju ngayangkang nuturkeun jalma, bisa ngamalum. Meureun lain ijid ka kuring tapi alatan bebengok korona anu misahkeun rasa hormat jalma hirup ka jalma paéh. Malah pan anu ngabéwarakeun ulah aleut-aleutan ka kuburan gé nya pihak Pamaréntah sorangan.

Boa ieu sakabéhna salah kuring, naha atuh paéhna mangsa sasalad korona keur mahabu?

***

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved