Breaking News:

Carpon

Makelar Masker

SASALAD nerekab. Dunya harénghéng. Korban ngundak unggal poéna. Sakur jalma ngusahakeun nyinglar sasalad sangkan bisa hirup jeung huripna.

Ilustrasi Carpon Basa Bah Padma Tilar Dunya 

Ku Anggi Novia Dewi

SASALAD nerekab. Dunya harénghéng. Korban ngundak unggal poéna. Sakur jalma ngusahakeun nyinglar sasalad sangkan bisa hirup jeung huripna. Walagri bari babari nyiar kipayah.
Warta dina TV katut informasi nu pasulabreng dina ramatloka leuwih nerekab batan nerekabna sasalad. Nu ngaborong di mana-mana, kitu gé keur nu boga pameulina. Sanajan harga barang ngundak tur langka, nu ngantri di swalayan taya eureunna.
Kami gé sarua ngantri, ngéntép padédémpét lir kertas dina buku, tapi kami mah ngéntép dina dus leutik eusi 50 lambar. Dus luetik téh diéntép deui dina dus karton eusi 40 dus.. Jero karton kami diasupkeun kana cargo rék tumpak kapal nu ngapung. Nyawang pulo-pulo nu héjo ngemploh ti luhurna langit paul. Duka ka mana kami bakal badarat?
Kelir kami gé héjo. Ukuran kami aya nu 15 ka 9 sénti, aya gé nu 12,5 ka 9 sénti keur barudak. Kami dijual ka ditu ka dieu pikeun ngupayakeun sangkan sasalad teu népa.
“Halow? Ieu uing! Mesen kaén héjo 200 karton. Enya, kaén héjo kualitas dua wé. Kirim ka alamat gudang nu biasa. Omat éta dina SPJ keur ka supir ulah ditulis saujratna. Rada diréka saeutik nya! Bisi aya Si Éta ning, sok jadi manjang urusanana. Mun teu dibéré sok culamétan ménta jatah ning Si Éta mah. Siap!”
Kami barang nu keur ditaréangan ku sakumna jalma di sakuliah dunya. Aya nu nepika ngantri banget ku panjang pikeun meuli kami. Harga kami gé ngundak jujul ngaluhuran harga pangabutuh lianna.
“Halow? Kumaha? Keur langka? Tah, lolongkrang nu alus keur uing mah! Mesen nu biasa, jumlah nu biasa. Geus ditransfer duitna tiheula tah, geura kirim barangna ka gudang nu biasa. Ulah lila. Bisi kaburu kasaing ku batur. Kudu bisa ngamangpaatkeun momentum ngarah bisa ngala untung.”
Kami masker, kaén kelir héjo nu cenah bisa nyaring nepi 60 peresén virus nu aya dina hawa. Kami dijieun tina tilu lapis. Lapis kahiji nu antel kana biwir pikeun nyaring droplét nu ka luar pama batuk atawa beresin. Lapis kadua nu panengah pikeun nyaring hawa. Lapis katilu nu pangluarna kelir héjo bisa nyaring virus tina hawa luar. Naha enya kami bisa nyalametkeun nyawa manusa tina ieu sasalad?
“Halow? Enya, mesen deui kaén héjo. Kumaha? Kaén héjo kualitas dua gé béak nya? Wah, sok tara nyésakeun keur babaturan! Aya nu kualitas tilu? Tapi alus teu? Oh, nu geus diseuseuh nya? Moal kaciri? Geus disortir aman nya? Enya, nu kitu wé atuh mesen 100 karton. Harga masih bisa cingcai, pan?”
Di pabrik, kami diproduksi adur-aduran. Ngarodikeun buruh-buruh nu ngagantungkeun hirupna. Éta gé sok mireng ti para buruh nu patingkecewis cenah pabrik lian mah geus dieureunkeun produksina. Buruhna diimahkeun alias di-PHK. Sabab pausahaan ngalaman defisit anggaran. Tong boroning keur ngagajih buruh, dalah keur meuli bahan baku gé copong. Ékonomi tijuralit. Rahayat beuki kabeulit. Kabeulit ku krédit-krédit.
“Halow? Di mana? Enya, alus ari keur di lapangan mah. Kumaha lapangan aman? Pasar ramé? Pokona uing teu hayang nyaho, penjualan kaén héjo minggu ieu kudu pol 100 peresén! Ngarah uing bisa méré inséntif!”
Pangaruh sasalad kana kahirupan leuwih mahabu. Lian ti rumah sakit nu pinuh, kahirupan masarakat gé riceuw. Di hiji imah aya budak nu ngocéak lapar. Di hiji kamer kontrakan aya salaki-pamajikan nu paséa. Di hiji pawon aya kompor nu geus lila teu hurung. Di hiji goah geus taya béas beunyeur-béas beunyeur acan. Di hiji buruan imah aya sora méteran listrik nu tit-titan. Di sisi jalan pilemburan aya warung nu gabyogna geus lila rékép. Di hiji jalan mingkin langka kandaraan nu lalar-liwat.
“Halow? Kumaha penjualan kaén héjo di dinya, lancar? Aman? Kahadé mun papangih jeung Si Éta kudu bisa nyingkahan nya. Kumaha wé carana, ulah nepika kanyahoan. Sing tarapti, sing lihéy. Sing bisa ngajaga diri, sing bisa ngajaga ngaran pausahaan. Bararaid bisi kacerek.”
Kami mingkin langka. Kami sasarina dipaké ku tanaga médis ngalengkepan alat pelindung diri, tapi ayeuna kudu nyorang dipaké ku unggal jalma. Tanaga médis nu tihothat nandonkeun nyawana pikeun nyalametkeun nyawa lianna, samalah kudu kungsi nandangan meuli sorangan. Tanaga médis nu kalan diusir ku tatanggana sabab dianggap mawa sasalad. Tanaga médis nu ninggalkeun kulawargana pikeun nyumponan sumpah baktina nulung sasama.
Kami gé sok diparaké selfie deuih. Bari dicaptionan, “nyegah korona, numpi di imah!” Tuluy diarapungkeun kana média sosial. Fotona hayang loba nu ngajarempolan. Bari sanggeus selfie tuluy dijarempolan, maranéhna sarumegruk nyeungceurikan kahirupan dirina. Nyeungceurikan kahirupan nu sing sarwa werit, sing sarwa paceklik nu boa iraha lekasanana.
“Halow? Kaén héjo di lapangan aman? Geura asupkeun laporan hasil penjualanana kana aplikasi. Ngarah uing bisa mantau. Rék diitung dihijikeun jeung nu lapangan séjén!”
Di hiji apoték, aya bapa-bapa nu hareugeueun sanggeus nyaho harga masker nérékél apung- apungan. Padahal dina sakuna, duit ngan kari sabaraha rupiah. Duit sésa babagi keur kabutuhan lianna. Rék meuli masker taya keur meuli béas. Teu meuli masker, budakna nu kanker paru bakal mingkin parna.
Di hiji layar channel TV nu dipasang juru apoték, jubir pamaréntah ngeunaan sasalad keur ngémbarkeun jumlah sabaraha nu kakonfirmasi positif, nu jagjag deui, tur nu nepika henteuna. Bapa-bapa nu rék meuli masker beuki ngahuleng, kagareuwahkeun ku apotéker nu mindo nanya jadi henteuna meuli masker sabab antrian mingkin panjang.
“Halow? Di mana posisi sales? Kaén héjo closing tabuh lima. Laporan dina aplikasi, penjualan geus nepi kana 40 peresén. Sésa 60 peresén deui keur 20 poé ka hareup. Sapoé kudu tilu persén. Téangan pasarna!”
Di hiji imah, aya ibu-ibu nu keur ngétang béas. Kari tilu cangkir deui, sedeng pangeusi imah aya limaan. Salakina geus teu ngojég deui di pangkalan sabab euweuh panumpang. Éta gé salakina keur mantuan panén jagong di kebon tatangga. Duka iraha diburuhanana da geuning jagong gé teu bisa harita kénéh diiangkeun sabab jongko pasar loba nu nutup.
Dina TV tabung 14 inci nu diteundeun dina rohang tengah imahna, jubir pamaréntah keur ngémbarkeun kawijakan sangkan masarakat numpi tur ngawatesanan aktivitas di luar imah. Ka luar ti imah keur nu penting hungkul kayaning urusan pangan jeung uubar. Éta gé wajib maké masker.
“Halow? Mesen deui kaén héjo. Hargana naék? Sok kitu ka babaturan téh! Enya apal, kaén héjo keur jadi primadona. Diumumkeun dina TV bieu. Baé kirim kualitas tilu, 70 karton deui. Ka gudang nu biasa. Ké peuting ditransferna.”
Di hiji ATM, aya karyawan nu karék pisan di-PHK. Manéhna ngahuleng nahan nu ngembeng tina panonna. Ningali saldo pamungkas nu ditransferkeun ti pausahaanna. Duka bakal mahi atawa henteu keur kahirupan kulawargana sabab salila ieu manéhna nu ngipayahan. Tina rindatna katingali baluweng, kudu néang gawé naon? Mun muka usaha sorangan, kudu usaha kana naon?
Sasalad mingkin mahabu. Harga masker mingkin ngajaul. Kami diproduksi adur-aduran. Ngarodikeun buruh-buruh nu ngagantungkeun hirupna. Nu néang untung mingkin hayang ngarawu ku siku. Masarakat carindekul numpi bari dapur teu ngebul.
“Halow, kaén héjo aya stok?”
“Halow, geura laporan penjualan dina aplikasi!”
“Halow, penjualan kaén héjo di lapangan aman?”
“Halow, teu hayang nyaho! Téangan toko anyar!”
Bray beurang reup peuting, makhluk nu teu katingali mingkin ngaririwa unggal nyawa. Sasalad mingkin nerekab. Dunya mingkin harénghéng. Korban ngundak unggal poéna.
“Halow, stok kaén héjo aman?”
“Halow, gudang aman? Kumaha? Kacerek!”
Kami geus metet dina wadah runtah bari rimbil ku kokotor. Kami dipiceun ti suklakna ti siklukna. Ahirna ngagunduk jeung runtah séjénna, boa taya nu haat milah deuih. Isuk jaganing pagéto, sanggeus sasalad lekasan, giliran kami nu malik ngaririwa.
“Halow, runtah masker aman?”
***

Penulis: Hermawan Aksan
Editor: Hermawan Aksan
Ikuti kami di
KOMENTAR

BERITA TERKINI

© 2020 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved