Idul Adha 2023

30 Ucapan Mohon Maaf Idul Adha 2023 Bahasa Sunda untuk Keluarga, Teman dan Orangtua, Bagikan di WA

Berikut ini kumpulan ucapan mohon maaf dan selamat Idul Adha 2023 untuk teman, keluarga termasuk orangtua, cocok dibagikan di WhatsApp

Penulis: Hilda Rubiah | Editor: Hilda Rubiah
freepik.com
Ilustrasi - 30 Ucapan Mohon Maaf Idul Adha 2023 Bahasa Sunda untuk Keluarga, Teman dan Orangtua, Bagikan di WA 

#16 Wilujeng Boboran Idul Adha 1444 H. Taqqobalallahu minna wa minkum

Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi.

#17 Wening galih nu dipamrih, Jembar panalar nu diteda, Kana laku nu teu luyu, Kana lampah nu sulaya.

Wilujeng boboran di bulan Dzulhijjah 1444 H. Taqqobalallahu minna wa minkum

#18 Sim Abdi sakulawargi ngahaturkeun Wilujeung Boboran Idul Adha 1444 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados

Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan.

Taqqobalallahu minna wa minkum

#19 Wilujeng boboran Idul Adha 10 Dzulhijjah 1444 H.

Mugia urang sadaya tiasa nyuciken diri ka Illahi.

Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi.

Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.

#20 Nyucruk laku sunnah Rasul, Mapay lacak agama Islam.

Gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Idul Adha 1444 H

Baca juga: 40 Kata-kata Islami Ucapan Menyambut Hari Raya Idul Adha 2023, Bagikan di Instagram dan Facebook

#21 Mipit amit seja nurih kapeurih ati, Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.

Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah.

Taqqobalallahu minna wa minkum. Wilujeng boboran Idul Adha.

#22 Taya basa nu bisa direka, Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur

Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Idul Adha 2023” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

#23 Wilujeng Boboran Idul Adha 1444 H.

Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa

Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

#24 Wilujeng Boboran Idul Adha 1444 H. Taqqobalallahu minna wa minkum

Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging

Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.

#25 Wilujeng boboran Idul Adha 1444 H, Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah.

Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

#26 Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng Boboran Idul Adha 1444 H.

#27 Ngahaturkeun Wilujeung Boboran Idul Adha 1444 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados

Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum

#28 Nyuhunkeun di hapunten sanes kusabab anjeunna ngarasa leres sareng anjeun salah, tapi kusabab haté anjeun langkung berharga tibatan ego anjeun. Hayu urang silih hampura dina sasih nu mulia ieu.

Wilujeng Boboran Idul Adha 2023. Taqqobalallahu minna wa minkum.

#29 Jati diri nu suci rasa jiwa anu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku imantaqwa nu antukna nuda kanyaah nyimpen kadeudeuh ka Ibu sareng Bapak sareng kulawargi.

Silih hampura ka papada jalma. Panuhun hapunten sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum. Wilujeng Boboran Idul Adha 2023

#30 Taqqobalallahu minna wa minkum

Wening galih jembar manah nu kasuhun.
Neda sing hapunten, rehna mayunan sasih nu diagungkeun ieu.

Mugi ibadah urang sadaya kenging hidayah sareng barokah, oge ayadina karidoan Allah SWT Aamiin. Wilujeng boboran Idul Adha 2023

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved