Hadirin anu dimulyakeun ku Allah. Haji teh salah sahiji rukun Islam anu wajib ditunaikeun, kanggo nu mampu.
Alhamdulillah, simkuring gaduh milik tiasa angkat nunaikan sauran ti Gusti Allah.
Lalampahan simkuring ka Mekkah teh sanes saukur perjalanan fisik na hungkul. Langkung ti eta, nyaeta mangrupikeun perjalanan spiritual anu insyaallah bakal ngarobih kahirupan simkuring salamina.
Dina danget ieu oge simkuring saparakanca nyuhunkeun dihapunten tinu samudaya kalepatan boh nu dihaja boh teu dihaja.
Baca juga: Contoh Teks Sambutan Walimatussafar Haji untuk Tuan Rumah, Lengkap dengan Mukadimah Bahasa Arab
Mugia Allah Subhanahu wa Ta'ala salawasna maparin rahmat ka urang sadaya sareng ngahampura dosa-dosa urang sadaya.
Hadirin anu dimuliakeun Allah.
Simkuring ngahaturkeun doa, mugia perjalanan simkuring saparakanca diberkahkeun tur dilancarkeun, sangkan tiasa ngalaksanakeun ibadah haji kalayan khusyuk jeung ikhlas.
Salian ti eta, doakeun mugia tiasa angkat sareng mulih kalayan salamet, barokah, tur maghfirah kanggo simkuring sakulawarga.
Salajengna, hayu urang ngajagi silaturahmi anu tos ngadeg di antara urang sadaya.
Mugia urang sadaya salawasna aya dina panangtayungan Allah SWT sareng janten jalmi anu mangfaat kanggo sasama.
Mugia ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengingkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin.
Wabilahitaufiq wal hidayah wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Baca berita Tribunjabar.id lainnya di Google News.