TRIBUNJABAR.ID - Simak contoh sambutan walimatussafar haji dalam Bahasa Sunda berikut ini.
Memasuki bulan Mei ini, musim Haji 2024 pun semakin dekat.
Adapun, musim Haji adalah periode keberangkatan para calon jamaah hingga kembali lagi ke Indonesia.
Berdasarkan keterangan Kementerian Agama, gelombang pertama akan mulai berangkat pada 12-23 Mei 2024, sementara gelombang kedua akan berangkat pada 21 Mei-1 Juni 2024.
Sebelum berangkat ibadah haji, terdapat sebuah tradisi bernama walimatussafar haji di Indonesia.
Baca juga: Inilah Masa Tunggu Ibadah Haji bagi Warga Bandung Barat, Kepala Kemenag: Harap Bersabar . . .
Saat walimatussafar, calon jamaah berpamitan kepada keluarga hingga kerabat dan memohon doa agar ibadah hajinya diberi kelancaran.
Dalam suatu susunan acara walimatussafar haji, tentunya ada sambutan dari calon jamaah atau tuan rumah untuk berpamitan.
Berikut contoh sambutan walimatussafar haji untuk calon jamaah dalam Bahasa Sunda:
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Alhamdulillahirobbilalamin wabihi nasta'in wa’ala umuriddunya waddin Washolatu Wassalamu ala Sayyidina Muhammadin waala alihi washohbihi ajmain.
Langkung ti payun, urang haturkeun puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci Allah SWT. Ku rahmat sareng hidayah-Na urang sadaya tiasa ngempel sarerea dina kaayan sehat wal'afiat.
Sholawat miwah salam mugia tetep kakocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna, tur ka urang sadaya salaku umatna.
Hadirin sadaya anu dipikahormat, tina saba'dana simkuring ngahaturkeun nuhun ka anu parantos sumping dina acara ieu.
Anu alhamdulilah kalayan takdir ti mantena urang sadaya tiasa riung mungpulung, patepung lawung, patepang wajah dina tempat anu ieu barokah.
Dina waktos ieu teu saukur urang teh sukuran angkatna simkuring ka Tanah Suci. Langkung ti eta, dina danget ieu urang silih ngadoakeun.
Hadirin anu dimulyakeun ku Allah. Haji teh salah sahiji rukun Islam anu wajib ditunaikeun, kanggo nu mampu.
Alhamdulillah, simkuring gaduh milik tiasa angkat nunaikan sauran ti Gusti Allah.
Lalampahan simkuring ka Mekkah teh sanes saukur perjalanan fisik na hungkul. Langkung ti eta, nyaeta mangrupikeun perjalanan spiritual anu insyaallah bakal ngarobih kahirupan simkuring salamina.
Dina danget ieu oge simkuring saparakanca nyuhunkeun dihapunten tinu samudaya kalepatan boh nu dihaja boh teu dihaja.
Baca juga: Contoh Teks Sambutan Walimatussafar Haji untuk Tuan Rumah, Lengkap dengan Mukadimah Bahasa Arab
Mugia Allah Subhanahu wa Ta'ala salawasna maparin rahmat ka urang sadaya sareng ngahampura dosa-dosa urang sadaya.
Hadirin anu dimuliakeun Allah.
Simkuring ngahaturkeun doa, mugia perjalanan simkuring saparakanca diberkahkeun tur dilancarkeun, sangkan tiasa ngalaksanakeun ibadah haji kalayan khusyuk jeung ikhlas.
Salian ti eta, doakeun mugia tiasa angkat sareng mulih kalayan salamet, barokah, tur maghfirah kanggo simkuring sakulawarga.
Salajengna, hayu urang ngajagi silaturahmi anu tos ngadeg di antara urang sadaya.
Mugia urang sadaya salawasna aya dina panangtayungan Allah SWT sareng janten jalmi anu mangfaat kanggo sasama.
Mugia ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengingkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin.
Wabilahitaufiq wal hidayah wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Baca berita Tribunjabar.id lainnya di Google News.