Maulid Nabi 2024
4 Contoh Pidato Singkat Acara Maulid Nabi Muhammad Dalam Bahasa Sunda, Bisa Dibaca untuk Sambutan
Berikut ini kumpulan contoh pidato singkat untuk acara Maulid Nabi Muhammad SAW dalam Bahasa Sunda, bisa dibaca untuk sambutan
Penulis: Hilda Rubiah | Editor: Hilda Rubiah
TRIBUNJABAR.ID - Berikut ini kumpulan contoh pidato singkat untuk acara Maulid Nabi Muhammad SAW dalam Bahasa Sunda.
Saat ini umat muslim menyambut bulan Rabiul Awal yakni sebagai bulan kelahiran Nabi Muhammad SAW.
Adapun kelahiran Nabi Muhammad SAW ini dikenal sebagai Maulid Nabi yang jatuh setiap 12 Rabiul Awal.
Tahun ini, Maulid Nabi 12 Rabiul Awal 1446 H jatuh pada 16 September 2024.
Saat memperingati bulan Rabiul Awal dan Maulid Nabi, biasanya umat muslim menggelar berbagai kegiatan keagamaan.
Baca juga: Jadwal 1 Rabiul Awal 1446 H dan Maulid Nabi 2024, Berikut Amalan di Bulan Kelahiran Nabi Muhammad
Baik diselenggarakan di lingkungan RW dan RT, ada juga yang diselenggarakan di sekolah.
Kegiatan keagamaan yang diselenggarakan biasanya berupa Tabligh Akbar, pengajian dan perlombaan.
Saat menggelar acara peringatan Maulid Nabi tersebut biasanya juga terdapat pidato.
Seperti pidato yang disampaikan penyelenggara acara tentang Maulid Nabi yang bisa dibaca dalam sambutan.
Kini, Anda tak perlu lagi bingung merangkai kata membuat pidato tentang Maulid Nabi.
Terutama, bagi Anda yang ingin menyampaikan pidato tentang Maulid Nabi dalam Bahasa Sunda.
Berikut Tribunjabar.id, rangkum 4 contoh naskah pidato singkat tentang Maulid Nabi dalam Bahasa Sunda, dilansir dari berbagai sumber.
Contoh Pidato 1
Assalamualaikum wa rahmatullahi wa barakatuh
Para hadirin, saderek sadaya anu dimulyaken ku gusti Allah Ta’ala. Para alim ulama, para kiai, bapak kuwu sareng pamong desana. Langkung tipayun, hayu urang panjatken puji sinareng syukur ka Gusti nu maha suci, dimana anu tos maparingan ka urang sadaya sagala kanikmatannana, terutami nikmat iman sareng Islam kaurang sadaya.
Sholawat sinareng salam urang sami-sami panjatken ka jungjungan urang nabi Muhammad SAW, nu tos nyandak urang sadaya kana jalan kaleresan.
Salajengna, sim kuring ngawakilan (…) ngahaturken nuhun ka para saderek sadaya nu tos tiasa sumping rurumpahen di masjid ieu, piken nyomponan uleman dina raraga Maulid Nabi Muhammad SAW, mugi kasumpingan bapak sadayana nyandak kaberkahan kanggo urang sadayana, amin.
Teu hilap sim kuring ngahaturken rewe rewu nuhun laksa kabingahan ka para tatanggi, para dermawan, nu tos sami sami ngarojong, ngabantos moral, atanapi materilna, terutami nu tos ngabantos mangrupi jamuan, janten acara maulid nabi tiasa dilakasanaken di mesjid ieu.
Sateuacan nincak kana acara pokok, sim kuring nuhunkeun dihapunten, ka para undangan sadayana bilih dina panghormatan, sajian, atanapi leetennana kirang mernah kana manah, kirang cocok kana hate, da mung sakieu ayana.
Dupi kanggo ngesi acara Maulid ieu sakumaha biasana, nyaeta bade di aosken riwayat nabi dina kitab AlBarjanji, nu bade di aos ku bapa (…) sareng rerencangan, mugi urang sadaya nu ngadanguken, nu ngabandungan ie riwayat kenging safaat ti rosulallah di dunya atanapi di akheratna. (Amin)
Mangga nyanggaken ka bapa (…) nu bade maosken Kitab Albarjanji.
Cekap ngan sakitu wae anu tiasa ku sim kuring tepikeun, wassalamu'alaaikum wa rahmatullahi wa barakatuh.
Contoh Pidato 2
Assalamu’alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh
Puji sinareng sukur hayu urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT anu parantos maparinan ni’mat anu teu kaétang diantarana ni’mat iman, ni’mat Islam sareng ni’mat kaséhatan.
Kalayan berkah éta urang tiasa hadir dina tempat anu bagja ieu.
Sholawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, anu parantos ngaleungitkeun urang tina jaman jahiliyah dugi ka jaman anu terang.
Para hadirin anu dipikahormat, dina kasempetan ieu simkuring baris nepikeun hiji judul, nya eta piwejang “Nyonto Rasulullah Saw pikeun Nyaring Dampak Negatip Media Sosial”
Média sosial téh kawas dua sisi koin a. Bisa boga pangaruh positif, tapi ogé bisa boga pangaruh négatip. Pamakéan média sosial tangtos hésé pisan dipantau, khususna di kalangan rumaja anu langkung terang kana média sosial ieu.
Aksés gampang kana situs web pantes, kaulinan anu butuh waktu pikeun ibadah, online judi handapeun kedok dagang jeung saterusna.
Tapi di hiji sisi, pamakéan média sosial ogé boga pangaruh positif. Seueur ustadz-ustadz anu nyiptakeun eusi pangajaran, para ahli atanapi dokter anu nyiptakeun eusi pendidikan atanapi hiburan anu positif anu mangpaat pisan pikeun rumaja.
Sagalana bener gumantung kana diri, hayang nyokot sisi positif atawa sisi négatip.
Dina hal ieu unggal rumaja kudu boga filter. Tapis anu paling mujarab nyaéta iman sareng taqwa.
Ku iman, satiap rumaja bakal ngarasa diawasi ku Alloh dina saban waktu sangkan sieun ngalakukeun kalakuan anu dilarang agama sanajan teu aya pangawasan indung bapa atawa batur.
Ngaliwatan momen Maulid ieu hayu urang nguatkeun iman jeung taqwa ku cara nyonto Nabi Muhammad SAW, sabab salila hirupna salawasna ngajaga ucapan jeung lampahna tina hal-hal anu dibenci ku Alloh SWT.
Sepertos dina QS. Surat Al Ahzab ayat 21:
لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْ رَسُوْلِ اللّ هِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّ هَ وَالْيَوْمَ الْا خِرَ وَذَكَرَ اللّ هَ كَثِيْرًا
“Sungguh, telah ada pada (diri) Rasulullah itu suri teladan yang baik bagimu (yaitu) bagi orang yang mengharap (rahmat) Allah dan (kedatangan) hari Kiamat dan yang banyak mengingat Allah.”
Pesen keur rumaja, ulah rek ngagadekeun iman ngan kusabab hayang ngiluan trend atawa hayang viral pikeun popularitas. Utamana pikeun wanoja anu sipatna boga rasa éra, ulah nepi ka para nonoman leungit jati diri.
Jadikeun Nabi Muhammad sabagé hiji-hijina panutan urang dina ngalaksanakeun kahirupan sangkan meunang kabagjaan hirup di dunya jeung ahérat.
Panginten sakitu anu tiasa kapihatur,hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh.
Baca juga: 3 Contoh Teks Pidato Maulid Nabi 2024 Singkat dan Penuh Makna, Cocok untuk Lomba di Sekolah
Contoh Pidato 3
Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Alhamdulillaahi robbil ‘aalamiin, wabihi nasta’inu ‘alaa umuriddunya waddiin.
Wassholatu wassalamu ‘alaa asyrofil mursaliin, wa’alaa aalihi wa sohbihi ajma’iin. Amma ba’du.
Para kulawargi sadayana, langkung tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah nu parantos maparin nikmat iman, islam, sareng ihsan, mugia urang sadayana janten jalmi nu pinuh ku rasa syukur, ditebihkeun tina kakufuran.
Sholawat sareng salam mugia salawasna dipaparinkeun kangge junjungan urang sadayana nyaeta, Nabi Muhammad Saw, mugia syafaatna tiasa dugi ka urang sadaya di yaumul akhir.
Para hadirin nu ku sim kuring dipihormat.
Dina kasempetan ieu abdi bade ngadugikeun biantara Sunda anu singget perkawis Maulid Nabi Muhammad Saw.
Dina danget ayeuna urang sadayana ngariung mumpulung di rohangan ieu kangge ngarayakeun Maulid Nabi, nyaeta mieling kana dinten wedalna kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Para hadirin anu dimulyakeun ku Alloh.
Junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad Saw teh kedah dijantenkeun panutan ku urang sadayana, akhlakna nu sae kacida tur mulya, kedah ditiru ku urang sadayana.
Malih mah Nabi teh diturunkeun ka bumi margi kangge nyampurnakeun akhlak, dina hadits anu diriwayatkeun ku Al-Baihaqi, saur Nabi:
إِنَّمَا بُعِثْتُ لأُتَمِّمَ مَكَارِمَ الأَخْلاقِ
Hartosna: "Satemenna Kami diutus kangge nyampurnakeun amal soleh (akhlak)." (HR. Al-Baihaqi)
Tah pertela pisan dina hadits eta teh yen junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad Saw teh diutus ka bumi ieu kangge nyampurnakeun akhlak.
Hayu sasarengan urang tiru, teras dilarapkeun dina kahirupan sahari-hari supados urang sadaya janten jalmi nu ngagaduhan Akhlakul Karimah, nyaeta akhlak anu sae.
Dina zaman ieu seueur pisan jalmi anu kajerat kana pergaulan bebas, zinah tos ibarat hal nu teu aneh, dianggap biasa dugi kajantenan di mana-mana, mabok, judi, sareng sajabana tos janten hal lumrah.
Jaga pondasi urang supados teu kabawa kusakaba-kaba, komo zaman kiwari mah sagala rupina pikahariwangeun.
Dina momentum Maulid Nabi ieu, hayu urang tiru sareng jantenkeun teladan akhlak mulia Nabi Muhammad Saw teh, urang jagi barudak urang sadayana tina pergaulan bebas, mugia urang dipaparin kasalametan di dunia sareng akherat ku Gusti Allah.
Rupina sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring, hapuntena pami aya cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, mugia urang sadayana tiasa ngagaduhan akhlak sapertos kanjeng Nabi urang sadayana.
Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Baca juga: Contoh Teks MC Acara Maulid Nabi 2024 di Sekolah, Lengkap dengan Mukadimah dan Susunan Acara
Contoh Pidato 4
Assalamu’alaikum Wr.Wb Alhamdulillaahi robbil ‘aalamiin, wabihi nasta’inu ‘alaa umuriddunya waddiin.
Wassholatu wassalamu ‘alaa asyrofil mursaliin, wa’alaa aalihi wa sohbihi ajma’iin. Amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka gusti Allah nu maha ghafur, anu parantos masihan ka urang sadaya mangrebu-rebu nikmat, mudah-mudahan urang sadaya kalebetkeun golongan hamba-hamba anu bersyukur sanes golongan hamba-hamba anu kufur kana nikmat Allah.
Shalawat sinareng salam mugia sapapaosna digoloncorkeun ka nabi urang sadaya nu jadi panuntungan sadaya nabi nyatana Nabi Muhammad SAW, sinareng kulawargana, sohabatna, mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Para hadirin anu dimulyakeun ku gusti Alloh,
Ngadegna abdi di dieu insyaallah bakal ngadugikeun pidato ngenaan hiji hal anu penting mungguh urang sadaya nyaeta ngenaan “Maulid Nabi Muhammad SAW”.
Dina dinten ayeuna urang sadayana nuju miéling acara Maulid Nabi Muhammad SAW, tegesna urang sadaya nuju miéling dintenan lahirna kanjeng Nabi Muhammad SAW ka alam dunia.
Hadirin Rahimakumullah,
Hakekat perayaan Maulid Nabi téh lain ngan ukur pagelaran acara anu dirangkai mewah tur megah, tapi hakekat tina ayana acara Maulid Nabi pikeun ngaronjatkeun kaimanan urang salaku umat Islam, nambahan élmu pangaweruh jeung ngaronjatkeun kualitas ibadah urang ka gusti Allah SWT.
Hadirin Rahimakumulloh
Nabi Muhammad mangrupikeun teladan pikeun urang sadaya salaku makhluk gusti Allah dina ngajalani kahirupan urang di dunia.
Allah SWT parantos ngadauh dina Al-Qur’an Surat Al-Ahzab ayat 21 :
لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْ رَسُوْلِ اللّ هِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّ هَ وَالْيَوْمَ الْا خِرَ وَذَكَرَ اللّ هَ كَثِيْرًا
Hartosna : saéstuna, parantos aya dina diri Rosululloh panutan anu saé pikeun anjeun (nyaéta) pikeun jalma-jalma anu ngarep-ngarep (rahmat) Allah sareng (datangna) Poé kiamat sareng seeur nyebat nami Allah. (Q.S Al Ahzab 21).
Dina ayat eta Allah SW masihan terang kaurang sadaya salaku jalmi anu beriman ka gusti Allah saéstuna Allah tos masihan teladan pikeun urang ngajalani kahirupan di alam dunia ku cara urang kedah tiasa nyonto Rosulullah dina sadaya paripolahna.
Hadirin Rahimakumulloh,
Rupina, sakitu wae anu tiasa ku simkuring didugikeun, mudah-mudahan urang sadaya tiasa janten hamba Allah anu mibanda akhlak sapertos akhlak Rosululloh. Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
Sejarah Maulid Nabi, 12 Hari Jelang Kelahiran Nabi Muhammad SAW Alam Semesta Tunjukkan Tanda-tanda |
![]() |
---|
30 Kata-kata Bijak Ucapan Selamat Maulid Nabi 2024 12 Rabiul Awal 1446 H, Update Status di Medsos |
![]() |
---|
20 Gambar Bergerak GIF Ucapan Selamat Maulid Nabi 2024, Tinggal Download Lalu Pasang Chat WhatsApp |
![]() |
---|
Lirik Shalawat Mahalul Qiyam Sambut Maulid Nabi Dilantunkan Nissa Sabyan, Huruf Arab dan Latin |
![]() |
---|
40 Ucapan Selamat Maulid Nabi 2024 Berisi Kata-kata Menyentuh, Cocok Dijadikan Status di WA dan FB |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.