Contoh Teks MC Halal Bihalal Keluarga dalam Bahasa Sunda, Lengkap Mukadimah dan Susunan Acara

Simak contoh teks MC Halal Bihalal keluarga dalam Bahasa Sunda yang bisa dijadikan referensi.

Penulis: Rheina Sukmawati | Editor: Rheina Sukmawati
Istimewa
Ilustrasi Halal Bihalal keluarga. Terdapat contoh teks MC Halal Bihalal keluarga dalam Bahasa Sunda yang bisa dijadikan referensi. 

TRIBUNJABAR.ID - Simak contoh teks MC Halal Bihalal keluarga dalam Bahasa Sunda yang bisa dijadikan referensi.

Memasuki momen Lebaran Idul Fitri 2023, salah satu tradisi yang kerap dilakukan setiap tahunnya yaitu Halal Bihalal.

Tradisi Halal Bihalal ini biasa digelar di antara keluarga, sekolah, pekerjaan, hingga lingkungan pertemanan.

Dalam menyusun kegiatan Halal Bihalal yang terstruktur, tentunya dibutuhkan MC sebagai pemandu acara.

Adapun beberapa acara Halal Bihalal khususnya di antara keluarga biasanya masih menggunakan bahasa daerah.

Salah satunya yaitu penggunaan Bahasa Sunda di lingkungan keluarga yang tinggal di Jawa Barat.

Berikut adalah contoh teks MC Halal Bihalal keluarga dalam Bahasa Sunda selengkapnya:

Ilustrasi acara Halal Bihalal keluarga saat Idul Fitri 2023. Terdapat contoh teks MC yang bisa dijadikan referensi.
Ilustrasi acara Halal Bihalal keluarga saat Idul Fitri 2023. Terdapat contoh teks MC yang bisa dijadikan referensi. (Istimewa)

Baca juga: Contoh Teks MC Halal Bihalal Keluarga saat Idul Fitri 2023, Lengkap Mukadimah dan Susunan Acara

Pembukaan/mukadimah

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Alhamdulillahirobbilalamin wabihi nasta'in wa’ala umuriddunya waddin Washolatu Wassalamu ala Sayyidina Muhammadin waala alihi washohbihi ajmain.

Solawat sinareng salam pamugi salamina dikocorkeun ka Junjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, kalih ka jalmi-jalmi soleh sapandeurieunana.

Mugia urang sadaya kenging syafaatna jaga di yaumil ahir, amin.

Wilujeng sumping ka Bapa miwah Ibu, sareng sadaya tamu uleman. Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun sumping dina acara Halal Bihalal keluarga [sebutkan nama keluarga].

Hadirin hormateun sim kuring, kenalkeun wasta Abdi [sebutkan nama MC] anu bakal mandu acara dina dinten ieu.

Bapa miwah Ibu hormateun sim kuring, éstu teu karaos baglirina waktos. Asa cikeneh pisan urang sami-sami ngalakonan ibadah saum, nu dipungkas ku Idul Fitri.

Saban waktos urang pagiling gisik, aya lisan sareng perbuatan anu dihaja sareng teu dihaja matak nyigeung nu lian.

Insyaallah dina danget ieu urang lubarkeun rupining rereged madah. Cilik putih clak herang, caang bulang opat welas.

Acara Pembuka

Hadirin nu dipihormat, insyaallah aya sababaraha mata acara dina acara Halal Bihalal dinten ieu, nyaéta:

  1. Bubuka
  2. Ngaoskeun ayat suci Al Quran
  3. Sambutan ti tuan rumah
  4. Tausyiah
  5. Ngadu'a
  6. Ramah tamah

Bapa miwah Ibu anu dipihormat, kanggo ngabuka acara Halal Bihalal ieu hayu urang sasarengan kalayan ngucapkeun basmalllah.

--- Bismillahirahmanirahim ---

Salajengna, nyaeta aya ngaos Al Quran ku Bapak/Ibu [sebutkan nama]. Mangga dihaturanan.

--- Membaca ayat suci Al Quran ---

Hatur nuhun ka Bapak/Ibu [sebutkan nama], pamugi galindeng ayat suci Al Quran sing nambihan rohmat sareng kabarokahan kana ieu pasamoan.

Salajengna aya sambutan ti tuan rumah nyaeta keluarga [sebutkan nama keluarga] anu diwakilkeun ku Bapak/Ibu [sebutkan nama]. Mangga dihaturanan.

--- Sambutan pihak keluarga ---

Hatur nuhun ka Bapak/Ibu [sebutkan nama], anu parantos ngadugikeun sambutanna.

Salajengna nyaéta aya tausyiah anu didugikeun ku Bapak/Ibu/Ustaz/Ustazah [sebutkan nama], mangga dihaturanan.

--- Tausyiah ---

Hatur nuhun ka Bapak/Ibu/Ustaz/Ustazah [sebutkan nama], mugi-mugi sing janten bahan lenyepaneun urang sadaya, tur tiasa ngahudang sumanget silaturahmi.

Salajengna nyaéta urang ngadua sasarengan anu dijejeran ku Bapak/Ibu [sebutkan nama], mangga dihaturanan.

--- Pembacaan doa ---

Hatur nuhun ka kersana Bapak/Ibu [sebutkan nama], mugi Alloh ngabulkeun sagala penda sareng pamaksadan urang sadayana.

Baca juga: Lebaran Hari Pertama, Ganjar Pranowo Pilih Halal Bihalal di Probolinggo, Disambut Antusias Warga

Penutup

Bapa miwah ibu, alhamdulillah ayeuna tos dugi di acara inti nyaéta ramah tamah.

Mangga dihaturanan kanggo sadayana nyobian sagala rupi anu tos disayogikeun.

Hadirin anu sim kuring dipihormat, hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana.

Neda tawakupna boh bilih aya kecap katut réngkak sim kuring saparakanca anu kirang merenah kana manah hadirin sadaya.

Mangga urang tutup acara pembukaan ieu ku ngaos hamdallah sasarengan.

--- Alhamdulillahirobbil'alamin ---

Wabillahi taufik walhidayah wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

--- Selesai ---

Referensi: bahasasunda.id.

Baca berita Tribunjabar.id lainnya di Google News.

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved