Ramadhan 2023

30 Kata-kata Minta Maaf Penuh Makna Sebelum Puasa Ramadan 2023 dalam Bahasa Sunda, Kirim di Grup WA

Inilah kumpulan kata-kata minta maaf sebelum puasa Ramadan dalam bahasa Sunda.

Tribun Jabar
Ilustrasi ucapan selamat menunaikan ibadah puasa Ramadan 2023 dalam Bahasa Sunda 

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara nu satungkebing rasa.

Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah.

Marhaban ya Ramadan.

#22

Bilih aya langkung saur bahe carek, kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurut catang dirumpak, nyungkelit ati teu geunah manah.

Mundut pangampura.

Wilujeng sumping ya Ramadan.

#23
Nilih wanci nu mustari ningga mangsa nu utama balik diri kanu suci.

Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

Wilujeng ibadah shaum Ramadan.

#24
Jatidiri nu suci rasajiwa anu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku imantaqwa nu antukna nunda kanyaah nyimpen kadeudeuh silih hampura kapapada jalma.

Panuhun sihapunten sadaya.

Marhaban ya Ramadan

#25

Taya basa nu bisa direka.

Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur.

Lintang ti kedalna ucapan "wilujeng sumping ya Ramadan" neda dihapunten lahir tumekaning batin.

#26

Bilih aya luhur saur bahe carek, tutur nu teu kaukur, laku-kampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah.

Di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin.

#27

Nyucikeun panyakit ati, ngikhlaskuen manah tugenah.

Wilujeng puasa Ramadan.

Hapunten binarung ikhlas, ngalubarkuen ku ikhlasna.

#28
Saninten buah saninten, saninten di parapan.

Hapunten abdi hapunten, tina samudaya kalepatan.

Wilujeng ngalaksanakuen ibadah puasa Ramadan.

#29
Neda dihapunten tina sadaya kalepatan.
Cuang setrakuen karungsing ku cihampura nu wening.

Marhaban ya Ramadan.

#30
Cai soca teu kariksa, raheut manah nu teu kahaja, mugi janten pangampura ucap lampah nu teu kajaga tur samudaya kalepatan.

Wilujeng sumping puasa Ramadan.

Baca artikel Tribun Jabar lainnya di GoogleNews.

 

 

 

 

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved