Breaking News

Idul Fitri 2020

Kumpulan Pantun dan Ucapan Selamat Lebaran Bahasa Sunda, Beserta Kata-kata Bijak Sambut Idul Fitri

Inilah saatnya untuk saling memberikan selamat dan mengucap maaf satu sama lain. Supaya suasana menggembirakan Anda bisa mengirim pantun dan ucapan

Penulis: Hilda Rubiah | Editor: Seli Andina Miranti
Ilustrasi Memaafkan 

TRIBUNJABAR.ID - Tak bisa saling tegur sapa buka berarti Anda diam saja.

Untuk menyambut kemenangan Hari Raya Idul Fitri, Anda bisa mengirim pantun dan ucapan lebaran.

Inilah saatnya untuk saling memberikan selamat dan mengucap permohonan maaf satu sama lain.

Anda yang humoris tak ada salahnya Anda mengirim pantun lebaran yang menarik.

Ilustrasi Memaafkan
Ilustrasi Memaafkan ()

Resep Membuat Ulen Ketan Goreng yang Renyah dan Gurih, Disajikan dengan Tumis Kentang Menu Lebaran

Supaya suasana menggembirakan Anda bisa memberikan ucapan dalam Bahasa Sunda.

Tak ada salahnya memberikan ucapan selamat lebaran berupa pantun Bahasa Sunda.

Berikut ini tribunjabar.id himpun kumpulan pantun dan ucapan lebaran Bahasa Sunda, dilansir dari berbagai sumber.

1. Ngaborong doran jeung hayam
diparaban sampeu atah
wilujeng boboran siam
mugi urang wangsul fitrah

2. Boh bilih ngical kalapa
candakna nganggo carangka
boh bilih kalindih murka
muga kersa ngahampura

3. Boh bilih ka Sukajadi
ulah hilap meser roti
boh bilih kalangsu dengki
muga kersa ngamaklumi

4. Salami di Sukajadi
teu ningalkeun kuring salat
Salami urang pahiri
urang silih pundut maaf

5. Lamun kuda mirip itik
loba jalma lalumpatan
salami urang kumelip
tangtos seueur kalepatan

6. Cecendet mande kiara
dijualan make panci
mugi kersa ngahampura
kuring kungsi ingkar janji

7. Mun indit ka Ujungberung
bari mawa awi tali
rumasa kungsi ngaberung
mugi Gusti kersa nampi

8. Mun indit ka Sukmanah
ulah poho ka Pa Lurah
mugi anjeun jembar manah
sabab kuring niat pasrah

9. Hirup kumbuhna manusa
tangtu kungsi haramjadah
kuring pasrah tumarima
laku lampah teu merenah

10. Meuli kacu ejeung gincu
mawana bari disuhun
rumasa ngagugu nafsu
matak kuring nyuhun ampun

Tinggal Copas ke WhatsApp atau FB, Kata-kata dan Gambar Ucapan Idul Fitri 1441 H, Isinya Romantis

Berikut kumpulan ucapan selamat lebaran Idul Fitri Bahasa Sunda

#1 Wilujeung Boboran Siam 1441 H

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1441 H ieu.

Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum.

#2 Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.

Dina dinten boboran (lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.

مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapynten samudaya kalepatan.

#3 Upami ati sabening cai, sawios ngalir nu wening bersih

Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan

Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa,

Sim kuring ngedalkeun مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْ

Wilujeng boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bathin.

#4 Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi

Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi

Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun;

تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ صَيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ، مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Wilujeng boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bathin.

Lafal Takbiran Allahu Akbar Allahu Akbar di Malam Idul Fitri 1441 H, Lengkap Bacaan Arab dan Latin

#5 Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.

Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri,

Wilujeng boboran Siam 1441 H. Hapunten samudaya kalepatan.

#6 Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa

Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

Wilujeng boboran siam 1441 H. Hapunten samudaya kalepatan.

#7 Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging

Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.

Wilujeng boboran siam 1441 H.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#8 Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah.

Wilujeng boboran siam 1441 H, Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#9 Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi.

Wilujeng boboran siam 1441 H.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#10 Ngahaturkeun wilujeung boboran siam 1 Syawal 1441 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados

Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved