Idul Fitri 2024

40 Ucapan Selamat Idul Fitri 2024 dalam Bahasa Sunda, Bagikan di Grup WA untuk Keluarga hingga Teman

Berikut inilah kumpulan ucapan selamat Idul Fitri 2024 dan ucapan mohon maaf dalam Bahasa Sunda, cocok dibagikan ke keluarga hingga teman

Penulis: Hilda Rubiah | Editor: Hilda Rubiah
freepik.com
40 Ucapan Selamat Idul Fitri 2024 dalam Bahasa Sunda, Bagikan di Grup WA untuk Keluarga hingga Teman 

TRIBUNJABAR.ID - Berikut inilah kumpulan ucapan selamat Idul Fitri 2024 dalam Bahasa Sunda.

Ada berbagai cara yang dilakukan untuk Hari Raya Idul Fitri 2024 atau Lebaran 2024 nanti.

Bagi kamu yang berasal dari Jawa Barat bisa mencoba menyampaikan ucapan selamat lebaran atau ucapan mohon maaf menggunakan Bahasa Sunda.
 
Ucapan selamat Idul Fitri atau ucapan selamat lebaran dalam Bahasa Sunda adalah Wilujeng Boboran.

Kini kamu tak perlu bingung lagi merangkai kata-kata ucapan selamat Idul Fitri tersebut.

Baca juga: Arti Doa Taqobalallahu Minna Wa Minkum Diucapkan di Momen Lebaran, Lengkap dengan Doa Jawabannya

Dakam artikel ini kamu bisa menemukan ucapan selamat Idul Fitri 2024 dalam Bahasa Sunda.

Tentu saja Kamu bisa membagikan ucapan selamat Idul Fitri 2024 Bahasa Sunda ke keluarga hingga teman atau dibagikan lewat media sosial.

Seperti status dan chat grup WhatsApp (grup WA), Facebook, Instagram hingga Twitter (X).

Berikut Tribunjabar.id himpun 40 ucapan selamat Idul Fitri 2024 dalam Bahasa Sunda, dilansir dari sundapedia.com dan berbagai sumber lainnya.
 
#1 “Wilujeng boboran siyam. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari.”

#2 “Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeng Idul Fitri 1445 H, sim kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan.”

#3 “Taqqobalallahu minaa waminkum. Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1441 H.”

#4 “Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1445 H. Taqqobalallahu minaa waminkum”

#5 “Wilujeng boboran Siam 1445 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.”

#6 “Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1445 H, neda sihapunten.”

#7 “Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipiwegah. Wilujeng boboran Siam 1441 H, kalayan neda dihapunten tina samudayaning kalepatan.”

#8 “Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

#9 “Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam ”

#10 “Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.”

ucapan selamat Idul Fitri 2024
ucapan selamat Idul Fitri 2024 (Pinteres)

#11 “Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1445 H.”

#12 “Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam.”

#13 “Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.”

#14 “Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shyiamana wa shyiamakum.
Wilujeng Boboran ( selamat lebaran)

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1445 H ieu.
Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.”

#15 “Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.

Dina dinten boboran (lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.

Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapunten samudaya kalepatan.”

Baca juga: 40 Ucapan Selamat Lebaran Idul Fitri 2024, Berisi Doa dan Ungkapan Minta Maaf, Cocok untuk Caption

#16 “Taqqobalallahu Minna Wa Minkum. Upami ati sabening cai, sawios ngalir nu wening bersih.

Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan. Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa.

Wilujeng Boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.”

#17 “Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi
Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi

Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun: Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.
Wilujeng Boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.”

#18 “Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.

Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri.

Wilujeng Boboran Idul Fitri 1445 H. Hapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.”

#19 “Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa
Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

Wilujeng Boboran Idul Fitri 1445 H. Hapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.”
 
#20 “Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.
Wilujeng Boboran Idul Fitri 1445 H. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#21 “Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah.
Wilujeng boboran Idul Fitri 1445 H, Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan. Taqqobalallahu Minna Wa Minkum.”

#22 “Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng Boboran Idul Fitri 1445 H. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#23 “Ngahaturkeun Wilujeung Boboran Idul Fitri 1445 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados. Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#24 “Wening galih nu dipamrih, Jembar panalar nu diteda, Kana laku nu teu luyu, Kana lampah nu sulaya.
Wilujeng boboran 1445 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum”
 
#25 “Nyucruk laku sunnah Rasul, Mapay lacak agama Islam.
Gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Idul Fitri 1445 H”

Baca juga: 25 Kata-kata Ucapan Selamat Lebaran Idul Fitri 2024 dalam Bahasa Arab dan Artinya, Kirim ke Keluarga

#26 “Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi.
Wilujeng boboran 1445 H, nyuciken diri ka Illahi. Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.”

#27 “Taya basa nu bisa direka, Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur
Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

#28 “Mipit amit seja nurih kapeurih ati, Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.
Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqqobalallahu minna wa minkum.”

#29 “Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
Bilih aya luhur saur bahe carek, tutur nu te kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah.
Dina dinten nu pinuh barokah ieu hayu urang silih hapunten lahir batin. Wilujeng boboran Idul Fitri 1445 H.”

#30 “Taqqobalallahu minna wa minkum.
Rumaos diri seueur kalepatan, neda pangapunten anu sa ageung-ageungna. Tina samudaya lepat boh nu dihaja anatapi nu teu dihajana. Wilujeng boboran Idul Fitri 2024.”

#31 “Taqqobalallahu minna wa minkum.
Neda dihapunten samudaya kalepatan, nu dihaja sinareng henteu dihaja.
Mugia ibadah urang salawasna aya dina kamulyaan. Aamiin ya Rabbal'alamiin. Wilujeng boboran Idul Fitri 2024.”

#32 “Bilih kantos nyungkelit kana ati, kirang merenah dina manah.
Kabadug rasa dina basa, atanapi kasindri sampir pribados.
Mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.
Wilujeng boboran Idul Fitri 2024.”

#33 “Taqqobalallahu minna wa minkum
Wening galih jembar manah nu kasuhun.
Neda sing hapunten, rehna mayunan sasih saum.
Mugi ibadah saum kenging hidayah sareng barokah, oge ayadina karidoan Allah SWT Aamiin. Wilujeng boboran Idul Fitri 2024.”

#34 “Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.
Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.”
 
#35 “Taqqobalallahu minna wa minkum. Wilujeng Boboran Idul Fitri 2024. Hampura sim abdi tina samudaya kalepatan sareng kakhilafan, mugia manah urang sadaya dipaparin nikmat sareng balik ka fitri.”

#36 “Jati diri nu suci rasa jiwa anu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku imantaqwa nu antukna nuda kanyaah nyimpen kadeudeuh.
Silih hampura ka papada jalma. Panuhun hapunten sadaya.”

#37 “Taqqobalallahu minna wa minkum.
Nyuhunkeun di hapunten sanes kusabab anjeunna ngarasa leres sareng anjeun salah, tapi kusabab haté anjeun langkung berharga tibatan ego anjeun. Hayu urang silih hampura, Wilujeng Boboran Idul Fitri 2024.”

#38 “Taya basa nu bisa direka.
Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur.
Lintang ti kedalna ucapan Taqqobalallahu minna wa minkum, neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

#39 Cai soca teu kariksa, raheut manah nu teu kahaja, mugi janten pangampura ucap lampah nu teu kajaga tur samudaya kalepatan.
Wilujeng Boboran Idul Fitri 2024. Taqqobalallahu minna wa minkum.

#40 Wilujeng Boboran Siam 1 Syawal 1445 H. Minal Aidin wal Faizin. Neda dihapunten abdi tina samudaya kalepatan. Mugia urang sadaya balik kana manah anuh suci.

Sumber: Tribun Jabar
Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved