Idul Fitri 2023

20 Kata-kata Minta Maaf saat Hari Raya Idul Fitri 2023 dalam Bahasa Sunda, Bagikan di Grup WA

Sampaikan ucapan minta maaf saat momen Hari Raya Idul Fitri 2023 dengan kata-kata Bahasa Sunda berikut ini.

Penulis: Rheina Sukmawati | Editor: Rheina Sukmawati
Freepik
Ilustrasi kata-kata ucapan minta maaf saat momen Hari Raya Idul Fitri 2023 dalam Bahasa Sunda. 

TRIBUNJABAR.ID - Sampaikan ucapan minta maaf saat momen Hari Raya Idul Fitri 2023 dengan kata-kata Bahasa Sunda berikut ini.

Sebentar lagi, umat Muslim akan merayakan salah satu hari besarnya yaitu Hari Raya Idul Fitri 2023.

Dalam perayaan Idul Fitri, salah satu tradisi yang kerap dilakukan adalah saling meminta maaf kepada keluarga, teman, dan seluruh kerabat.

Ada berbagai cara untuk menyampaikan ucapan minta maaf ini, baik secara langsung maupun tidak langsung.

Secara langsung, Anda bisa mengucapkannya ketika bertemu dengan keluarga, kerabat, atau teman saat halal bihalal.

Selain itu, Anda juga bisa membagikan ucapan minta maaf melalui media sosial seperti grup WhatsApp, Instagram, dan sebagainya.

Baca juga: 20 Kata-kata Mutiara Menyambut Malam Lailatul Qadar di Bulan Ramadhan, Bagikan ke Keluarga

Berikut adalah kata-kata ucapan minta maaf saat momen Hari Raya Idul Fitri 2023 dalam Bahasa Sunda:

1. Wilujeung Boboran Idul Fitri 1444 H. Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados. Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum.

2. Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Wilujeng Boboran 1 Syawal 1444 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

3. Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi. Wilujeng Boboran nyuciken diri ka Illahi. Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci.

Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri. Wilujeng Boboran 1 Syawal 1444 H.

4. Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur. Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng Boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

5. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.

Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

6. Nyucruk laku sunnah Rasul, mapay lacak agama Islam. Gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampunten ka sadayana wilujeng Boboran Idul Fitri 1444 H.

7. Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng Boboran Idul Fitri 1444 H. Taqqobalallahu minna wa minkum.

8. Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging. Tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura.

Wilujeng Boboran Idul Fitri 1443 H. Taqqobalallahu minna wa minkum.

kata-kata bijak ucapan selamat lebaran Idul Fitri 2022 dalam Bahasa Inggris
Ilustrasi ucapan minta maaf saat momen Hari Raya Idul Fitri 2023 dengan kata-kata Bahasa Sunda.

9. Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa. Kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

Wilujeng Boboran Idul Fitri 1444 H. Hapunten samudaya kalepatan.

10. Saha wae tiasa ngiring boboroan, tapi teu sadaya tiasa ngiring Idul Fitri. Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri.

Wilujeng Boboran Siam 1444 H. Hapunten samudaya kalepatan.

11. Khilaf sareng ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi. Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi.

Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun;

تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ صَيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ، مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Wilujeng Boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.

Baca juga: Contoh Naskah Khutbah Idul Fitri 1444 H/2023 yang Berjudul Pesan Persaudaraan di Hari Lebaran

12. Upami ati sabening cai, sawios ngalir nu wening bersih. Upami manah saindah cahaya bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan.

Upami Manah saputih awan, kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa.

Sim kuring ngedalkeun مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْ

Wilujeng Boboran Siam sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bathin.

13. Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.

Dina dinten Boboroan Siam ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.

مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapunten samudaya kalepatan.

14. Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1444 H ieu. Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.

Taqqobalallahu minna wa minkum, shyiamana wa shyiamakum.

15. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.

Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqqobalallahu minna wa minkum. Wilujeng Boboran Siam.

16. Ngahaturkeun Wilujeung Boboran Siam 1444 H. Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados.

Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan. Taqqobalallahu minna wa minkum.

17. Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi.  Wilujeng Boboran Idul Adha 1443 H. Taqqobalallahu minna wa minkum.

18. Wilujeng Boboroan Siam 1444 H. Sim kuring neda dihapunten dina sagala kalepatan tur tina paripola sareng cariosan.

19. Kedaling rasa nu pinuhku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Wilujeng Boboran Siam 1444 H.

20. Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bula pangharepan geus lekasa poe fitri nembongan.

Neda dihapunten sadaya kalepatan sim kuring. Wilujeng Boboroan Siam 1444 H.

Baca berita Tribunjabar.id lainnya di Google News.

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved