Deretan Ucapan Selamat Idul Adha 2021 dalam Bahasa Sunda, Kata-katanya Menyentuh dan Penuh Makna
Saat momen Hari Raya Idul Adha 2021, Anda bisa membagikan ucapan mohon maaf dan selamat Idul Adha.
TRIBUNJABAR.ID - Saat momen Hari Raya Idul Adha 2021, Anda bisa membagikan ucapan mohon maaf dan ucapan selamat Idul Adha.
Supaya lebih berkesan, Anda dapat membagikan ucapan mohon maaf atau kata-kata menyentuh selamat lebaran Idul Adha 1442 H menggunakan Bahasa Sunda.
Anda bisa mengirim kata-kata menyentuh itu melalui grup percakapan keluarga WhatsApp, atau media sosial lainnya.
Berikut ini TribunJabar.id rangkum referensi kata-kata menyentuh ucapan mohon maaf lebaran dan ucapan selamat Idul Adha 1442 H dalam Bahasa Sunda, dilansir dari berbagai sumber.
#1
Wilujeng Boboran ( selamat lebaran)
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Adha 1442 H ieu.
Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum.
Baca juga: Kata-kata Mutiara Ucapan Selamat Idul Adha 2021, Yuk Bagikan ke Keluarga dan Sahabat
#2
Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.
Dina dinten boboran (lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.
مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ
Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapunten samudaya kalepatan.
#3
Upami ati sabening cai, sawios ngalir nu wening bersih
Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan
Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa,
Sim kuring ngedalkeun مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْ
Wilujeng Boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bathin.
#4
Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi
Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi
Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun;
تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ صَيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ، مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ
Wilujeng Boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.
#5
Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Adha.
Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Adha,
Wilujeng Boboran Idul Adha 1442 H. Hapunten samudaya kalepatan.
#6
Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa
Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.
Wilujeng Boboran Idul Adha 1442 H. Hapunten samudaya kalepatan.
#7
Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.
Wilujeng Boboran Idul Adha 1442 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum
#8
Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah.
Wilujeng boboran Idul Adha 1442 H, Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.
Taqqobalallahu minna wa minkum
#9
Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi.
Wilujeng Boboran Idul Adha 1442 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum
Baca juga: Amalan Sunah Sebelum dan Sesudah Salat Idul Adha, Ada yang Bisa Dikerjakan di Rumah Selama PPKM
#10
Ngahaturkeun Wilujeung Boboran Idul Adha 1442 H.
Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados
Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan.
Taqqobalallahu minna wa minkum
#11
Wening galih nu dipamrih, Jembar panalar nu diteda, Kana laku nu teu luyu, Kana lampah nu sulaya.
Wilujeng boboran di bulan Dzulhijjah 1442 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
#12
Nyucruk laku sunnah Rasul, Mapay lacak agama Islam.
Gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Idul Adha1442 H
#13
Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi.
Wilujeng boboran Dzulhijjah nyuciken diri ka Illahi.
Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.
Wilujeng boboran sasih Dzulhijjah 1442 H
#14
Taya basa nu bisa direka, Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur
Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.
#15
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.
Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah.
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
Penulis: TribunJabar.id/Hilda Rubiah