Jumat, 8 Mei 2026

Daftar Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri Bahasa Sunda, Bagikan Jadi Status WA atau Posting di FB

Yuk kirim ucapan selamat Hari Raya Idul Fitri Bahasa Sunda agar berbeda. Ucapan ini dapat Anda kirimkan ke orang terdekat.

Tayang:
Editor: Yongky Yulius
Pixabay/john1cse
Pantun ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2021 

TRIBUNJABAR.ID - Yuk kirim ucapan selamat Hari Raya Idul Fitri Bahasa Sunda agar berbeda. Ucapan ini dapat Anda kirimkan ke orang terdekat via chat atau dibagikan di media sosial.

Momen Lebaran 2021, tak lengkap jika Anda belum saling memaafkan.

Anda bisa saling mengirimkan ucapan selamat Lebaran 2021 dengan berbagai cara.

Seperti membagikan ucapan mohon maaf lahir batin, kata-kata bijak Lebaran ke orang-orang terdekat.

Supaya lebih berkesan, Anda juga bisa menyampaikan ucapan selamat Lebaran dalam Bahasa Sunda.

Baca juga: Kata-kata Romantis Ucapan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2021, Cocok Buat Pacar atau Gebetan

Tentu saja, Anda juga bisa merangkainya dengan kata-kata bijak dalam Bahasa Sunda.

Berikut ini TribunJabar.id rangkum contoh ucapan selamat Lebaran Idul Fitri 1442 H berikut kata-kata bijak dalam Bahasa Sunda, dilansir dari sundapedia.com.

#1
“Wilujeng boboran siam. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari.”

#2
“Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeng Idul Fitri 1442 H, sim kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan.”

#3
“Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran siam 1442 H. Taqqobalallahu minaa waminkum.”

#4
“Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1442 H. Taqqobalallahu Minaa Wa Minkum.”

#5
“Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1442 H, neda sihapunten.”

#6
“Wilujeng boboran siam 1442 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.”

#7
“Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipiwegah. Wilujeng boboran Siam 1442 H, kalayan neda dihapunten tina samudayaning kalepatan.”

#8
“Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

#9

“Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran siam ”

#10

“Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1442 H.”

Kumpulan kata-kata bijak Idul Fitri 2021 untuk saling memaafkan pada hari Lebaran.
Kumpulan kata-kata bijak Idul Fitri 2021 untuk saling memaafkan pada hari Lebaran. (Pixabay)

Baca juga: Kata-kata Ucapan Hari Raya Idul Fitri 2021, Lengkap dalam Bahasa Inggris dan Terjemahannya

#11

“Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.”

#12

“Wilujeung Boboran (Selamat Lebaran)

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Fitri 1442 H ieu.

Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.

Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shyiamana Wa Shyiamakum.”

#13

“Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.

Dina dinten boboran (Lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.

مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapynten samudaya kalepatan."

#14

“Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan

Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa,

Sim kuring ngedalkeun مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْ

Wilujeng boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bahin.”

#15

“Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi”

“Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi

Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun;

تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ صَيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ، مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Wilujeng boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.”

#16

“Sadaya jalmi tiasa ngiring Lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri

Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri 1442 H ieu.

Wilujeng boboran siam 1442 H. Hapunten samudaya kalepatan.”

#17

“Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa

Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

Wilujeng boboran siam 1442 H. Hapunten samudaya kalepatan.”

#18

“Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging

Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.

Wilujeng boboran siam 1442 H.

Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shyiamana Wa Shyiamakum”

#19

Ngahaturkeun wilujeung boboran siam 1 Syawal 1442 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados

Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#20

“Taya basa nu bisa direka, Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur

Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

Ilustrasi Hari Raya Idul Fitri atau Lebaran 2020.
Ilustrasi Hari Raya Idul Fitri atau Lebaran 2020. (Pixabay)

Baca juga: Kata-kata Islami dan Doa Silaturahmi di Momen Lebaran, Lengkap Bahasa Arab,Latin dan Terjemahannya

#21

“Mipit amit seja nurih kapeurih ati, Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.

Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah.

Taqqobalallahu Minna Wa Minkum, Shiyamana Wa Shiyamakum”

#22

“Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi.

Wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi.

Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.

Wilujeng boboran siam 1442 H”

#23
Nyucruk laku sunnah Rasul, Mapay lacak agama Islam.

Gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran siam 1442 H

#24

“Kedaling rasa nu pinuhku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari”

#25
“Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan hapunten nu kasuhun.”

(TribunJabar.id/Hilda Rubiah)

Sumber: Tribun Jabar
Rekomendasi untuk Anda
Ikuti kami di
KOMENTAR

Berita Terkini

© 2026 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved