Breaking News:

Carpon

Ganggarangan Welas Asih

DUKA naon sabab alesannana manéhna maké inget kana ganggarangan. Enya apan, jigana, ngarasa rumasa lain warga urang kota.

-
Ilustrasi Ari Ruhiyat 

Ku Ano Karsana

DUKA naon sabab alesannana manéhna maké inget kana ganggarangan. Enya apan, jigana, ngarasa rumasa lain warga urang kota. Lain asli dilahirkeun di kota. Tapi, manéhna mah lahirna jauh di pangungsian. Cenah, ceuk kolotna lahir keur jaman ngungsi. Di kampung sisi gunung, sisi Walungan Cipalebuh. Manéhna gé ngarasa héran. Da, taya bukti tinulis. Dina KTP, taya kecap anu nuduhkeun, mestikeun yén lembur Nenggéng téh kungsu jadi pangungsian keur jaman Jepang harita. Kitu, ceuk indung bapa, mun keur ngobrol ngariung kulawarga. Cenah, éta lembur téh jauh ka sisi gunung. Aya di sisi walungan. Apan, urang mah hirup jaman béh dieu. Éta kecap “ganggarangan” téh geus tara kaucapkeun jiga kumaha satona, jeung kumaha wangun awakna. Enya, masing disebutkeun satona sabangsa méong leuweung galak kana hayam. Aya deui katerangan, sabangsa méong leuweung. Tuh geuning, naratay deui anu kudu dimaknaan ari méong naha dulur ka maung.

Ganggarangan téh galak kana hayam deuih. Ah, urang papandékeun baé aya hiji watak jalma kawas kitu. Teu kudu dibéjakeun atawa dihartikeun kalawan jéntré. Nya, atuh supaya jéntré urang maknaan sacara bébas baé.

Ganggarangan apan kaasup sato (galak?) anu sok ngarogahala, atawa ngahakan hayam. Ari hayam, apan sato anu teu walakaya mun diserang ku ganggarangan. Sakuat-kuatna bisa ngejat, bisa ngagarapak, tangtu baé méméh ngejat hiber téh kaburu disantok, dihakan diburak- barik.

Kaayeunakeun, di pilemburan anu masih natangga jeung leuweung mah jigana, ganggarangan masih kénéh aya atawa henteu. Kawasna mah ku ngaranna ogé geus loba anu teu mikawanoh.

Leuweung geus loba anu dibukbak, dihuru. Tempat panyumputan sato téh geus loba anu teu buni geusan nyamuni. Boa, lila-lila mah loba sato anu maturan hirup jalma di dunya beuki ngurangan. Atawa, musnah kalawan teu kaburu wanoh jeung manusa. Leuweung dihuru, ruyuk diduruk. Paninggaran ogé nyonyorén bedil, néangan sato nu butuh panyalindungan.

Tah kitu nya béjér béasna mah. Aya sato anu ngaran ganggarangan, sok ngerekeb hayam. Éta kanyataan ayana sato galak jeung hayam minangka makhluk anu lemah. Lemah téh sok éléh dikerekeb ku sato anu leuwih galak. Tah, kitu lamun téa mah ieu carita rék kitu pandéna.

Haté ganggarangan, lain ukur jigana atawa semet aya. Tapi, enya ayana dina hirup kumbuh sapopoé. Pék baé ku salira saliksik geura. Tapi, kuring gé arék sasadu heula ka si ganggarangan téa. Apan, saganggarangan-ganggaranganna ogé sok aya baé haté hadéna. Bisa jadi si ganggarangan kungsi “trenyuh”, manéhna ngabéla jalma anu geus teu walakaya ngahayoh dipacileuh ku jalma pangkatna, jugala posisina. Tah, anu kieu mah mindeng katohyan.

Lamun téa mah “ganggarangan” sakapeung mah bisa kacida nyumputkeun semu ku hadéna, atuh si hayam téh pada-pada ariceus gancang midekrab.

Da, tapis pisan dina gaul, geus kacida lihéyna. Kumaha “menata” situasi, “menata” naon kabutuhna “si hayam” anu baris dikerelebna. Nya atuh, “si hayam” téh kacida “iceusna”. Iceus nyanghareupan “si gangga” anu soméah tartib pamolah. Sasatna, unggal rénghap kabutuh si hayam téh teu weléh kacumponan.

Halaman
123
Editor: Hermawan Aksan
Sumber: Tribun Jabar
Ikuti kami di
KOMENTAR

BERITA TERKINI

© 2020 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved