Carpon

Nu Marunggahan di Lembur

Sabenerna Citarunggang téh lembur gedé, tapi dina sapopoéna teu weléh tiiseun.

Karya Yatun Romdonah Awaliah

Sabenerna Citarunggang téh lembur gedé, tapi dina sapopoéna teu weléh tiiseun. Imah-imah téh siga nu areuweuh pisan pangeusina, sabab rebun rebun kenéh nu barogana geus arindit ka sawah jeung ka kebon. Marulangna sok kabaruritnakeun. Jadi lembur kaciri loba nu nyicingan téh dina waktu kaburitnakeun wé jeung peuting.
Éta gé henteu ketang ari loba-loba teuing mah, da warga nu aya téh ngan tinggal nu karolot jeung budak leutik wungkul. Nu ngarorana mah euweuh, ngalumbara ka darayeuh, pada-pada nareangan gawé di kota. Aya éta gé kétang nu pareng nuluykeun sakola atawa kuliah, sanajan ngan hiji-hijieun, bisa kaitung ku ramo. Jadi lembur katempo ramé pisan téh biasana ngan pas waktu lebaran atawa peré sakola siga ayeuna.
Keur mah munggahan taun ayeuna téh ninggang na waktu barudak sakola peré, jadi nu di darayeuh teh marulang kabéh. Atuh lembur nu tadina tiiseun ngadak-ngadak ramé lir poéan lebaran. Kolot-kolot nu kadatangan budakna pada-pada siga nu kadatangan tamu agung, pak pik pek sasadiaan, keur nyampakeun nu jarang mulang ka lembur. Dahareun nu euweuh ge sagala diaya-ayakeun. Ninggang ka nu teu boga budak atawa dulur nu ngumbara ka kota mah ngan bisa nempokeun wé hungkul.
Jalan nu tadina sepi ge ayeuna mah ngadak-ngadak jadi rame ku motor jeung mobil nu harerang, pating suliwer. Keur mah jalanna anyar diaspal deuih, atuh marawa motor jeung mobilna ge mani nyalemprung siga nu keur bapal wae jeung siga nu hayang patarik-tarik sorana  sangkan kadéngé ku batur.
"Cenah aya béja budakna Si Jana kamari labuh di Cijalu?" ceuk Mang Ukis ka nu keur ngarariung di warung Bi Titing.
"Enya, nepika rararud sagala. Tuda budak sagedé kitu geus dibéré motor, kajagang ge henteu, jaba motor gedé deuih," tembal Si Otong.
"Ah atuh kangaranan bapana gawé di kota, sok hayang wé meureun ngadandanan budak ku cara méré motor alus," nu séjénna milu mairan.
"Da éta tuda barudak mah mawa motor téh siga nu arédan pisan,  ni tararik, jaba garumasép, kéna-kéna jalanna ayeuna alus. Anyar diaspal.  Uyuhan teu lalinu jeung sieun tisorolok, sakitu keusikna mun leumpang gé matak leueur, komo deui dina motor, mun labuh téh kabayang éta keusik nyocokan dina kulit nu rarud," tempas Si Solih bari ngabirigidig ngabayangkeun.
"Ké,  di béh dieu can aya korban, Bi? Pedah wé biasana na tikungan ieu mah sok aya wé nu tigedebut keur jalan butut mah," tanya Si Otong bari ngarontok goréngan nu kakara dikana balastrangkeun ku Bi Titing.
"Encan, ayeuna mah bétah tuda jalanna rata  teu siga baheula matak tigolesat," tembal Bi Titing.
"Éta ningan mun  nempo mobil dina pudunan Kuwu Buhori gé, nu biasana mobil majuna ngareteyep, ayeuna mah mani ting salebrung, komo mobil gedé mah, ti luhurna nyebrung terus dina palebah deukeut imah Mang Tatang rada diarerém, ngeremna gé ayeuna mah maké angina sagala" jawab Mang Ukis.
"Maké angin nu sorana wessshhh nya Mang" ceuk Si Solih bari seuri. Ger nu lain milu seuri.
"Lih, ari budak manéh téh, kumaha jadi rék ka kotana?," tanya baturna ka Si Solih.
"Nyaéta atuh kuring mah jeung indungna teu ngidinan, sedengkeun ari budakna keukeuh hayang waé indit, keur mah dibibita ku baturana, diajak gawé di pabrik baju cenah. Padahal mah kurang kumaha gawéan di dieu ge loba, sawah jeung kebon tuh uruseun," tembal Si Solih semu rada nafsu.
"Ah atuh Lih, budak jaman kiwari mah embungeun gawé leledokan di sawah macul siga jaman urang, tatanén, melak paré di sawah" Mang Ukis nembalan.
"Bener Mang, jeung deuih eta duit ladang gawena di kota téh sugan hayang dikumpulkeun dibandakeun kana sawah atawa kebon di lembur, jang jaga ari mulang. Éh kalah béak diparaké ngiridit motor wé keur ari balik ka lembur, garugumasepan jeung cing arentreu garugumeulisan. Padahal mah nu kitu téh barang rongsokan moal lila kapakéna, jeung teu matak maslahat mun engké geus kolot," nu sejen nempasan.
"Aya oge ningan nu keur sarakola di kota, geus lalulus, jaradi sarjana tara daraékeun balik ka lembur. Malah tara nolih-nolih acan, jajauheun boga pikiran hayang ngamajukeun lembur. Paling dina mulangna gé sataun sakali, éta gé ngan ngalongok kolotna wungkul,  ngarah tamba disebut teuing bedegong meureun," Ceuk si Solih, nu lainna ngaharaminan.
"Éta ningan Si Ajat budakna Nini Iyut gé, cenah mah di kotana geus boga toko emas nya, tapi angger wé ningan sakalieun Nini Iyut gering mah tara singna aya ngalongok, komo deui jajauheun mawa Nini Iyut ka dokter. Padahal geus kolot pisan jaba cicing sorangan, "  ceuk Mang Ukis bari nyuruput cikopi.
    "Enya, Si Ajat mah gaya wé béak ku karep tuda, basa mulang lebaran nu kamari ge ningan, sagala dipamér-pamérkeun boga anu boga anu, ari kolot sorangan diantepkeun,"
"Kacirina nu bagja mah Mang Juha tuh jang," ceu Bi Titing milu nyarita bari ngajajar-jajarkeun pais hayam jeung pais lauk dina meja.
"Eh, Bi, ieu sambelna mana?" ceuk nu rék dahar.
"Itu tuh na deukeut wadah séndok. Sok bawa wé sorangan bibi keur kagok"
"Bagja kumaha kitu, Bi?"ceuk Si Solih.
 "Enya kamari, Mang Juha ka dieu meuli deungeun sangu, maké tumpak mobil sagala dianteur ku budakna. Cenah mah budakna datang mangkukna ngahaja rék munggahan di dieu jeung anak-pamajikanana. Majar mawa oleh-oleh sagala rupa keur Bi Unéh jeung Mang Juha," tembal Bi Titing.
"Ké budakna téh si Kosim tea nya asana mah," Ceuk Si Otong.
"Enya Tong nu jangkung-jangkung, ningan apal?" tanya Bi Titing semu rada hemeng.
"Enya da keur SD-na sakelas jeung urang Bi, harita mah budakna téh sok budugan waé leungeunna, carénang nepika jarariih."
"Ih jang ayeuna mah alus milikna, cenah mah manehna teh geus boga déler mobil sagala di Bandungna" tempas Bi Titing.
"Tuh Tong babaturan manéh nu tadina tukang budug ningan geus boga déler mobil, ari manéh boga naon?" ceuk baturna.
"Boga nya Tong, déler simeut, ladang unggal peuting ngobor simeut" tembal Mang Ukis. Ger nu lain sareuri.
Nalika keur saleuseurian, ti kajauhan katembong aya mobil, tuluy eureun di warung Bi Titing.  Katémbong Mang Juha turun tina mobil bari sarangah seréngéh bangun nu hayang dialem. Tapi budak jeung minantuna mah teu milu turun, cicing dina jero mobil.
"Panjang umur ning Mang," Ceuk Si Solih.
"Kumaha kitu, Lih?" tanya Mang Juha.
"Éta tadi jeung Bi Titing nyaritakeun Emang kamari naek mobil cenah, sigana mobil ieu nya, Mang. Ni hérang kieu paingan mobilna."
Ngéh Mang Juha seuri, irungna asa kembung pisan aya nu nyarita kitu téh. "Itu mobil budak pedah kabeneran keur mulang ka lembur," pokna.
"Ke eta teh Kosim nya?" ceuk Si Otong. Nu disebut ngaranna mah anteng jeung pamajikanana di jero mobil nyonyoo budak leutik, bangun nu teu warawuh ka nu keur ngariung di warung.
"Enya, Tong. Baheula asa sasakola jeung manéh nya keur SD-na mah". Ceuk Mang Juha bari asup ka jero warung Bi Titing. "Aya deungeun sangu naon waé, Ting?"
    "Ieu aya pais lauk sareng pais hayam, teras lodéhna mah kantun lodéh kacang." Tembal bi Titing.
    Nalika Mang Juha milihan deungeun sangu, nu keur di laluar uleng narempokeun tingkah Si Kosim jeung pamajikana bari tingharewos pada baturna.
"Enya, Alhamdulillah pun anak mah Tong, indit ka kota teh alus milik alus jodo. Ningan karek tilu taun ka kota, ayeuna geus boga deler mobil. Jodona alus deuih, meunangkeun sarjana tuluy ayeuna keur S2 di Unpad, jaba gawéna jadi dosén deuih. Teu siga manéh cicing waé di lembur euweuh kamajuan," ceuk Mang Juha. Si Otong semu rada éraeun dikitukeun ku Mang Juha téh, nu lainna ting parelong pada baturna.

"Wah hebat atuh Mang, mangkaning kuliah di Unpad téh sur batur mah awis pisan, jarang urang dieu mah nu kuliah di dinya, kajaba nu kenging béasiswa," Ceuk Mang Ukis.
"Ih béasiswa mah atuh keur jalema miskin, Kis. Si Kosim mah éstu ku biaya sorangan nyakolakeun pamajikanana téh. Da eueweuh nu mahal atuh keur pantaran Kosim mah, biaya sakola sakitu mah hanay." Ngadéngé Mang Juha nembalan kitu, nu lainna kalah beuki karerung.
"Dalapan puluh dua rebueun nya, Ting. Tah duitna saratus, kop wé pulangna mah," ceuk Mang Juha, tuluy muru mobil. Mobil téh indit mamprung, sedengkeun nu keur ngariung di warung tingkarucuwes ngobrolkeun nu indit.
"Cenah batur SD, Tong. Tapi siga nu teu wawuheun ka manéh?" Si Solih ngaheureuyan.
"Nya teuing atuh, pedah urang ngan tukang ojég meureun," tembal Si Otong bari nyéréngéh.
"Punten..." ti tukangeun nu keur nyararita ujuh-ujug aya nu pupuntenan bari nyunyuhun nyiru.
"Éh ningan Dadan? Iraha datang ti Bandung, Dan?" ceuk Si Otong.
"Tadi énjing-énjing, Mang," tembalna bari nurunkeun nyiru tina sirahna, sok diteundeun dina bangku nu kosong.
"Teu capé kitu Dan, karék nepi geus nganteurkeun peuyeum ka dieu?" tanya Bi Titing bari kaluar warung nyampeurkeun Dadan.
"Henteu, Bi.  Hawatos ka ema tuda mun teu dianteurkeun téh, carapéeun. Peuyeum nu kamari séép, Bi?"
"Asana mah nyésa dua deui, ké nya urang étang duitna ku bibi," ceuk Bi Titing bari asup deui kajero warung.
"Dan, geus tamat kuliah téh?" tanya Mang Ukis.
"Alhamdulillah atos Mang, minggu kamari pisan ujian sidangna, ké wisudana ping dua puluh."
"Dan, peuyeum nu eta wadahan tah kana balastrang parantina na méja." ceuk Bi Titing ti jero warung.
"Wah geus jadi dokter atuh, Dan. Éh, lainna tanggal dua puluh saminggu deui ka lebaran nya?" ceuk nu lain.
"Muhun puguh, hawatos ka ema éta gé, biasana sok rariweuh midamel pesenan peuyeum kanggo lebaran," tembal Dadan bari ngéntépkeun peuyeum kana balastrang.
"Saha waé ké nu  rék indit nganteur wisuda, Dan?" tanya Si Otong.
"Paling ema, Mang, da tuda teu aya deui sasaha,"
"Ih Dan, mun diajakan mah bibi ge hayang milu nganteur, bari sakalian ulin, hayang apal Bandung. Keur mah da meureun bibi mah moal kungsi nganteur nu diwisuda, da budakna oge teu boga. Baé mobilna maké nu Bibi, ké Mang Obing nu nyupirana, " ceuk Bi Titing ti jero.
"Oh kitu, manga atuh bi, resep gera seueur nu nganteur mah ramé. Ké urang carioskeun ka Ema" tembal Dadan semu rada atoh.
"Enya sok, caritakeun ka Ema nya, ké bibi nyarita deuih ka Mang Obing,"
"Mun geus lulus ké ditempatkeunna di mana, Dan?" tanya Si Solih.
"Duka Mang teu acan tangtos, kumaha ti ditu. Tapi da ari kahoyong mah mudah-mudahan di Puskesmas di dieu, atanapi dina teu tiasa di dieuna gé di Rumasakit di kabupatén, méh caket ka Ema." tembalna.
"Sukur ari kitu mah, atuh Dan, méh aya nu ngurus ema nya. Éh ieu nu kamari dalapan belas rebu, da nyesa dua." ceuk Bi Titing.
"Muhun, Bi. Itu peuyeum nu enggalna dua puluh," témbalna bari nampanan duit.
"Kadé nya Dan, éta masalah nganteur wisuda béjakeun ka Ema." Bi Titing omat-omatan.
"Muhun, Bi. Nuhun sateuacanna," pokna bari indit nyuhun deui nyiru peuyeum.
"Si Dadan mah bageur budak téh, tara nyusahkeun kolot. Kuliah di Unpad-na ge estu teu menta duit ka kolot sapérak-pérak acan, padahal kuliah di kedoteran mah keur jelema kaya wungkul, da mahal biayana" ceuk Mang Ukis nyaritakeun nu indit.
"Terus ti mana atuh biayana, Mang?" ceuk Si Otong.
"Tina beasiswa atuh, Tong! Da Si Dadan mah pinter," ceuk Bi Titing.
"Budak teh daékan deuih, teu éraan, padahal pidoktereun, éta wé ningan bieu daék ngiderkeun peuyeum. Ngarumasakeun budak yatim meureun deuih, indungna mun teu dibantuan ku manéhna nya ku saha deui," ceuk nu lainna.
"Enya, nyaah ku bageur jeung soléhna. Bibi gé harita kungsi jeung Si Mang Obing téh rék ngukut Si Dadan, ngan teu dibikeun ku indungna," ceuk Bi Titing.*

Editor: cep
Ikuti kami di
KOMENTAR

BERITA TERKINI

© 2018 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved